Tah tah asa aya benerna,  seja ngalokan kang Hasan ah.
Emang kungsi kareod ku Ua Sas ngumbara di Bali. Ceuk 
kirata mah bali teh banyak libur alias mindeng pere.
  
Enya resep atuda di Bali mah meusmeus pere, meusmeus pere. 
Salianti pere nasional aya deui pere propinsi, malahan mah 
aya pere milangkala tutuwuhan.

Jadi asa munasabah mun  wetona ibu Dewi Sartika atanapi 
"inohong wanita" misalna Ma Eroh ( Ma  Eroh bedas tur 
keyeng hatena dina masalah lingkungan) diayakeun 
pangeling-ngeling.

Hatur nuhun kang Hasan van Garut.
MangJojo







On Mon, 23 Aug 2004 07:51:58 -0700 (PDT)
  mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> hiji mangsa kuring nganjrek di nagri kedah, nagri
> bagian malaya lebah kulon. lamun poe jumaah urang
> dinya mah sok nyalse,  sabab saban poe jumaah mah
> pere. beda jeung urang nagri lainna, misalna nagri
> sembilan jeung selangor, perena teh sarua jiga di
> urang, poe minggu. nagri-nagri anu pangaruh ulama
> masih kuat, jiga kedah, kelantan jeung trengganu, pere
> rutina teh tiap poe jumaah.
> 
> pernah sakali mangsa kuring ngilikan almenak, manggih
> hiji tanggal dibeureuman. geus atoh pikiran teh,
> isukan bakal pere yeuh. pangangguran terus kuring
> nanya ka babaturan urang malaya, "isuk pere nya euy?"
> ceuk kuring teh. "pere naon kitu?" cenah balik nanya.
> "tuh tinggali na almenak, tanggal beureum!" sambung
> kuring. ku manehna diilikan bari kerung. nyeh manehna
> seuri. 
> 
> "kunaon maneh seuri?" tanya kuring, teu ngarti. "ieu
> mah pere keur urang perlis euy, lain keur urang!"
> pokna teh. simanahoreng eta teh libur 'keputraan'
> sultan perlis. 'keputraan' teh mun di urang mah tepung
> taun tea. jadi tiap nagri boga pere sewang-sewangan.
> teu sarua ieuh. aya nu pere tiap jumaah, aya nu pere
> tiap minggu. kitu deui aya pere nu gumantung kana
> tanggal kalahiran sultan nagrina.
> 
> kuring ngagerentes dina hate, euh ieu teh meureun
> conto otonomi daerah tea. teu kudu ieuh saragam. 
> masing - masing nagri boga kultur, budaya, sarta
> riwayat sewang-sewangan. masing-masing bisa
> ngawujudkeun eksistensina. dina perkara anu dianggap
> bisa ngawakilan eksistensi sakumna nagri, kakarek
> dipake aturan nasional. contona dina masalah pere,
> keur pere 'keputraan yang dipertuan agung' mah kabeh
> nagri milu pere. 
> 
> nitenan di urang sok remen jadi paguneman, pangpangna
> keur urang sunda, perkara milangkala tokoh wanoja.
> sering jadi bahan catur, saha anu leuwih payus jadi
> tokoh pikeun urang sunda, naha raden ajeng kartini
> atawa raden dewi sartika. jigana masalah nu sarupa oge
> aya di aceh, tempat lahirna tokoh wanoja cut nyak
> dien. kitu deui daerah lainnya.
> 
> inget masalah otda, jeung ninggali conto solusi urang
> malaya, asana bisa dijadikeun eunteung. meureun geus
> waktuna dibuka wacana, keur urang sunda pikeun
> ngamumule budaya jeung sajaeahna sorangan. misalna
> salian ti aya pangeling-ngeling raden ajeng kartini
> anu dilaksanakeun nasional, oge perlu
> pengeling-ngeling inohong sakelas raden dewi sartika.
> wallahu a'lam.
> 
> salam,
> mh
> 
> 
> 
>               
> _______________________________
> Do you Yahoo!?
> Win 1 of 4,000 free domain names from Yahoo! Enter now.
> http://promotions.yahoo.com/goldrush
> 
> 
> ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor 
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada 
>seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan 
>dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, 
>dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 

===========================================================================================
"Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat 
akses Internet Gratis..
Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : 
TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
===========================================================================================


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke