Nuhun kang pang walerkeun......
Eta panginten sok nyarios hoyong ka korea, janten sapertos aya di korea...he he
Teu hoyong kang janten KEPSEK teh, tos terang sagala rupina, ampir sadaya kepsek karitu, manawi teu hoyong. Hoyong janten rahayat wae kang tiasa ngariung di lembur kusnet.
Kumaha wartosna orok tos sabaraha sasihnya..? resep aduh gaduh cocooan teh matak sok sono ka buminya. , kumaha ibuna, tos dikumahakeun......he he
 
Teteh tea
tien

Kenzi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kang kinkin...
sateuacan teh tien ngawaler, ku abdi dipangwalerkeun,
teh tien mah sanes di korea tapi di surabaya, anjeunna wk. kepala sekolah disalah sahiji SMA di sby,
duka sigana ayeuna mah tos janten kepala sekolah panginten... leres teu teh tien..?? hehehe...
malahan abdi mah kantos pendak sareng teh tien teh, basa abdi nuju cuti di bandung,
 
cag ahhh...
 
Panzi van batam bandar hayam
 
----- Original Message -----
Sent: Saturday, August 21, 2004 7:25 AM
Subject: [Urang Sunda] Nepangan Teh Tien

Assalamu'alaikum wr. wb.
 
Langkung tipayun sihapunteunna nu kasuhun, rehna simkuring saparantosna 1,5 taun di Korea beut nembe terang pami Teh Tien teh kiwari aya di wewengkon Korea...
Punteun sanes simkuirng tamelar Teh, nanging da kumaha atuh ari simkuring mah TKI nu waktosna terbatas kangge mukaan internet teh.
 
tah kukituna pami teu kaabotan seja tumaros dupi ayeuna Teteh di leresan mana Korea na, pami simkuring mah ayeuna teh di wewengkon ANSAN - SHIWA.
 
tah dupi Teteh koreana di mana nya?
 
cag ..
wassalamu'alaikum wr. wb.
 
Kin's


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke