alhamdulillah de' syahla tos bade 2 sasih,
kamari mah rada hariwang ka orok teh, da masih orok tos diajak naek pasawat ngapung,
mamahna oge dugi ka kedah nyerat surat pernyataan ku PT Lion Airna,
saurna pami aya nanaon ka orokna sanes tanggel waler PT Lion air,
tapi alhamdulillah dugi ka ayeuna teu aya nanaon, malah tos di cek-up ka dokter..
 
mamahna kenzi mah... tos dikukumaha atuh teh tien..
da basa dugi ka batam teh tos ka 43 dintenna... heuheuheu..
 
Abdi mah salut (naon basa sundana?) ka teh tien teh..
sering aber2an sby-bdg-bgr-sby, tapi salirana mani kiat nya,
cik atuh alungkeun resepna ka abdi, kaleresan ayeuna teh nuju diudag ku padamelan,
wangsul kedah wengi wae.. supados abdi tiasa fit salamina..
 
Panzi
(ka teh tien mah abdi teh resep ku ramena... hehehe...)
----- Original Message -----
From: teh tien
Sent: Tuesday, August 24, 2004 2:15 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Nepangan Teh Tien, kanggo kang Panzi.....

Nuhun kang pang walerkeun......
Eta panginten sok nyarios hoyong ka korea, janten sapertos aya di korea...he he
Teu hoyong kang janten KEPSEK teh, tos terang sagala rupina, ampir sadaya kepsek karitu, manawi teu hoyong. Hoyong janten rahayat wae kang tiasa ngariung di lembur kusnet.
Kumaha wartosna orok tos sabaraha sasihnya..? resep aduh gaduh cocooan teh matak sok sono ka buminya. , kumaha ibuna, tos dikumahakeun......he he
 
Teteh tea
tien


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke