"Aa bade moal..?"
"Enya sabeulah.!!"
"Ih.." cenah bari terus ngajengkat.
Kuring ngahuleng sorangan.
Transaksi jual meuli, peuting ieu bedo.
Bedo hartina kuring meunang, meunang saheulanaan dina ngayonan hawa nafsu,
naha peuting nu bakal datang bakal jol deui ngabarungsinang siga peuting
kieu, naha kuring bakal meunang deui atawa bakal eleh serah bongkokan?.
Dualisme awewe lalaki geus aya dina kosmologi kuno, taneuh sok dianggap
awewe, langit sok dilambangkeun lalaki, supaya tetep aya dina harmoni,
langit jeung bumi/taneuh kudu dikawinkeun, supaya lahir kasuburan, supaya
aya kasaimbangan lingkungan, prakna dina upacara adat, reuneuhna pare
kalawan subur ciciren hasilna ngawinkeun gaib bari jeung diaping ku
Sanghyang Sri Pohaci.

Kuring cengkat, ninggalkeun kahareneg.
Ceuk sawareh sex teh teu beda jeung kabutuhan sapopoe kayaning dahar,
nginum, sare, rekreasi.
Mun bieu bedo transaksi jeung si gamuleng, naha hartina kuring geus teu
perlu kana kabutuh sapopoe nu mangrupa sex.
Sieun katepaan panyakit, sieun nyandu, lamun ieu nu jadi alesan, naha pantes
disebut meunang dina merangan hawa nafsu?

Geus lila kuring teu balik ka lembur, nu pangahirna teh basa lebaran nu geus
kaliwat, Nini Jumsih masih keneh ngawarung, nu dijualna tetep siga baheula
jaman kuring keur leutik, aya goreng sampeu, goreng cau, goreng hui jeung
endog hayam kampung atahna.
Lebaran harita ge kuring nelek nelek, pantes baheula waktu kuring meuli
endog sabeulah tea, Nini Jumsih lila pisan ngaladanganana, sigana endogna
dikulub heula ambih bisa dibeulah.
Sok rame bae di warung Nini Jumsih teh da jadi tempat pangreureuhan, boh
tukang ojeg, boh barudak nu tas sakola boh anu tas ngebon ti leuweung.
Hiji waktu Nini Jumsih ngawakwak pedah eta ningali gambar awewe dina
sosoehan koran urut bungkus pindang.
"Awewe jaman ayeuna mah geus teu boga wiwaha deui.."
Puguh we nu keur ngopi didinya ting raringeuh.
"Tah deuleu.." kituna teh bari ngalungkeun sosoehan koran ka anu keur
dariuk, gambar awewe ngajeblag ukur make cangcut jeung tutup dada sacewir.
"Baheula mah jaman Nini keur ngora, euweuh awewe nu ngucah ngaceh awak siga
kitu.., tah ka maraneh nu boga anak awewe kahade sing bener ngajagana, ulah
kabawa sakaba-kaba.."
Lamun Nini Jumsih nyahoeun kahirupan di kota, dina sisi kahirupan yen awewe
ngan jadi komiditi, sigana bakal ngalenggerek kapiuhan.
"Nini meser endog.." ceuk kuring.
"Endogna ge ngan tinggal dua Sujang..!"
"Wios Nini.."
Ti kajauhan kadenge bedug lohor nurugtug ti tajug.

(tamat saheulanan)



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke