hehehe .. Kang Rudy teh di padang pasir ?! bagi atuh kormana .. tapina tong nu seuer keusik nya .. apanan saurna pami korma seueur keusik eta mah kalebet apkir?! leres Kang-kung eh .. maksadna Kang, kitu!!
 
abdi mah damelna di grup Intrasari, aya permen Yupi, aya Simba snack sareng aya oge obat nyamuk Hit sareng panyeungit ruangan merek Stella .. sanes di Aqua atuh ... ke .. ke .. sakedap... pami dikirim Hit engke tikoro-na moal tiis .. malahan ngadadak kokolojotan .. da eta mah obat nyamuk, Kang ... heheehe .. punten ah .. heureuy .. daripada sutris miting wae tiap waktu .. (wilujeng enjing kang Oman ..)
 
abdi linggih di rawamangun .. di Paledang aya oge baraya .. kaetang enin atawa nini tapi tos almarhum .. Nin Ito .. duka tapina alamat jelasna, pokokna mah di Paledang we .. putrana aya nu ngajar di NHI, namina Wa Seno ..kenal teu, kang-kung .. aeehhh maksadna Kang Rudy ...
punten ahh .. ocon deui ..
 
salam,
amie thea


Rudy Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
**************************************************************
Haturan teh Amie!
 
Teh amie...nepangkeun ieu akang!!!
 
Teh Amie nu someah....sim kuring mah ngabali teh di Bandung, di Jalan Paledang....bet bae ti SD ka SMA keun di Citeureup & Cibinong, da pun bapak damel di tilu roda. .....ari padumukkan mah di Bogor, Warung jambu...tapi danget ieu sim kuring keur ngalaan korma  pijualeun keur engke mulang cuti!!, dupi teteh dimana linggih na?
 
Pihaturna,
 
-pun adi-
*..cing atuh teh, mun teh enya cacabakan teh di PT Aqua, sok atuh alung keun sa treuk mah ka dieu..meuni bayeungyang yeuh di dieumah...sugan bae rada tiisseun ieu tikoro teh!
 
*****************************************


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke