Kang Hasan, 

Sakaterang, teu aya katerangan dina Al-Qur'an boh hadist anu 
nyebatkeun yen anu maot teh ruh. Ruh mah abadi, disebatkeunna oge 
salaku anu ditiupkeun tea ("wanafakho min ruuhihi..dst). Sedengkeun 
anu teges-teges disebat maot mah jiwa (nafs) tea: "kullu nafsin 
dzaaiqotul maut".

Namung teu ngabibisani, istilah ruh, jiwa, nafs teh memang sok 
dipabaliutkeun. Malah dina hiji guaran, Al-Ghazali nyebatkeun 
istilah ruh, nafs, qalb teh eta-eta keneh (ke urang kotektak manawi 
aya filena). Namung ieu teh rupina dina leresan fungsina bae salaku 
aspek anu non-material ti manusa. Ananpon dina telikan falsafah mah 
dibentenkeun anu tilu: ruh, jiwa, sareng jasad.

Ruh minangka aspek ilahiyah anu aya dina diri urang, alam malakut 
tea kasebathna. Jiwa posisina di tengah, sakapeung tumut ka ruh, 
sakapeung mengpar. Raga minangka jasad kasar urang ngarupikeun aspek 
anu hambalan handap, aspek kasar urang. 

Aeh, na kajongjonan teuing, si kuring percanten, Kang Hasan langkung 
uninga.

Baktos,
manAR





--- In [EMAIL PROTECTED], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> he he he. kang oman sanes nyosok jero, puguh rada
> baluweng. upama ceuk sakaol, cenah nu aya teh 'ruh'
> sareng 'jasad'. upama 'ruh' tos leupas dina 'jasad'
> nya maot tea panginten nya. ari dina eta wacana, aya
> deui anu nompokeun (jiga pihak katilu) nu disebutna
> 'kuring' tea. atanapi eta 'kuring' teh mung
> ngarupikeun alat 'personifikasi' nu nyerat pikeun
> meuntas supaya tiasa ngagambarkeun proses leupasna
> 'roh' tina 'jasad'. wallahu a'lam.
> 
> perkawis otda, insya ALLAH engke urang teraskeun. 
> 
> baktos
> hasan
> 
> > 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke