Assalamualaikum ww. Lamun tos kana meri mah pasti kana ndogna pan.... tah lamun dideumah sababaraha bulan-bulan kamari, aya ndog cenahmah lewih hade 5 kali lipet ti ndog hayam atawa meri.....proteinna duka vitaminan (siga nutrisari meureunnya jeruk
dahar jeruk). Eta ndog teh dihasilkeun kuhayam arab, kantos eta oge nyobi nanaros ka pasar hayam arab... nya aya tapi mahal geuning karek anakna keneh oge. Sikuringmah heran naha didieu aya hayam arab, duka tah mun anu tos angkat haji nyandak bibit hayam, cacak di lembur loba anu ka arab jadi tki tapi jarang mawa bibit hayam, aya oge paling mawa kacang arab. Kuring panasaran hayang ngingu eta hayam arab, meuli wae ndogna 5 siki mungpung aya hayam anu rek nyilengleum, eh mahal ndogna oge sasiki 5000 rupiah, alhamdulillah megar 2 siki pas deuih sapasang... tapi mirip siga hayam kampung biasa geuning, ngan buluna bodas hideung, ayeuna geus ngendog leuwih ti 30 sikimah tapi tara ngari (biasa we isuk-isuk bari maraban dilok-lokan atawa di jieun "teh telur" ), pernah diantep sugan disileungleuman, tapi teu daekan nyileunglem geuning hayam teh, jadi lamun geus ngendog terus wae ngendog. jadi mun hayang boga katurunan hayam etateh kudu disileungleumkeun ka hayam kampung biasa. ditanyakeun ka anu biasa miara hayam arab kunaon teu daekeun nyileungleum, cenah biasa hayam arab mah tara daekeun ngan ukur ndogan wungkul.. tapi duka bener henteunamah eta ndog lewih hade proteina ti hayam kampung biasa. Nujelas lamun ndog salain diceplok, didadar, direndang, diasin, dijieun ndog satengah hayam eh satengah asak, di dieu sok aya ndog di jieun inuman dihijikeun jeung teh jadi teh ndog, dihijikeun jeung kopi jadi kopi ndog, dihijikeun jeung susu + madu + jahe jadi STMJ, aya oge nu praktismah dihijikeun jeung M150. Ari daging merinamah pan sok hanyir pisan lamun dibandingkeun jeung hayam, jadi dilembur mah kolot jarang masak daging meuri, paling hayam. Tpi didieumah aya kadaharan anu spesifik "daging Meri Cabe Hejo". salam hendra ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

