Abdi oge kantos miara hayam arab sapasang. Hayam arab bikang teh memang kabiasaanna ngendog unggal isuk (tabuh sapuluhan).. kira-kira 15-20 kali ngendog, pere heula kira-kira 5 poe.. terus ngendog deui.. kitu jeung kitu bae. Kulantaran henteu daekeun nyileungleuman, memang lamun arek megarkeun kudu dititipkeun ka hayam laina anu keur nyileungleum. Ari diitung-itung "secara ekonomi" mah ceuk kuring, henteu ngahontal untung, sabab parabna oge kudu husus henteu daekeun susa-sesa ti dapur. Dibanding-banding jeung miara hayam "bangkok" rarasaan untung keneh miara hayam bangkok, dina sa periode ngendog kira-kira 15 butir (sok ditungtut diasakan sawareh) tapi nu disileungleumanmah paling 8, sanggeus disileungleuman 21 poe megar (anakna dipisahkeun); 15-18 poe ti harita bikangna endogan deui; dagingna mucekil dibandingkeun jeung hayam arabmah (kana 2 kalieun, malah leuwih).
Kuringmah miara hayam arab teh resep ku endahna.. jeung sorana. Sakalian paragi cocoan budak (lalaki umur 2 taun). mani waas .. nempo budak asup ka kandang (kandangna sistim abur) rek mulung endog hayam ..unggal poe... Ayeuna mah saprak ditinggalkeun jauh.. jiganamah hayamteh kaleleban... nungtutan paraeh...ahirna tumpur.
cag ah...
kamurer <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kamurer <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum ww.
Lamun tos kana meri mah pasti kana ndogna pan.... tah lamun dideumah
sababaraha
bulan-bulan kamari, aya ndog cenahmah lewih hade 5 kali lipet ti ndog
hayam
atawa meri.....proteinna duka vitaminan (siga nutrisari meureunnya jeruk
dahar
jeruk). Eta ndog teh dihasilkeun kuhayam arab, kantos eta oge nyobi
nanaros ka
pasar hayam arab... nya aya tapi mahal geuning karek anakna keneh oge.
Sikuringmah heran naha didieu aya hayam arab, duka tah mun anu tos
angkat haji
nyandak bibit hayam, cacak di lembur loba anu ka arab jadi tki tapi
jarang mawa
bibit hayam, aya oge paling mawa kacang arab.
Kuring panasaran hayang ngingu eta hayam arab, meuli wae ndogna 5 siki
mungpung
aya hayam anu rek nyilengleum, eh mahal ndogna oge sasiki 5000 rupiah,
alhamdulillah megar 2 siki pas deuih sapasang...
tapi mirip siga hayam kampung biasa geuning, ngan buluna bodas hideung,
ayeuna
geus ngendog leuwih ti 30 sikimah tapi tara ngari (biasa we isuk-isuk
bari
maraban dilok-lokan atawa di jieun "teh telur" ), pernah diantep sugan
disileungleuman, tapi teu daekan nyileunglem geuning hayam teh, jadi
lamun geus
ngendog terus wae ngendog. jadi mun hayang boga katurunan hayam etateh
kudu
disileungleumkeun ka hayam kampung biasa. ditanyakeun ka anu biasa miara
hayam
arab kunaon teu daekeun nyileungleum, cenah biasa hayam arab mah tara
daekeun
ngan ukur ndogan wungkul..
tapi duka bener henteunamah eta ndog lewih hade proteina ti hayam
kampung biasa.
Nujelas lamun ndog salain diceplok, didadar, direndang, diasin, dijieun
ndog satengah hayam eh satengah asak, di dieu sok aya ndog di jieun
inuman dihijikeun jeung teh jadi teh ndog, dihijikeun jeung kopi jadi
kopi ndog, dihijikeun jeung susu + madu + jahe jadi STMJ, aya oge nu
praktismah dihijikeun jeung M150.
Ari daging merinamah pan sok hanyir pisan lamun dibandingkeun jeung
hayam, jadi dilembur mah kolot jarang masak daging meuri, paling hayam.
Tpi didieumah aya kadaharan anu spesifik "daging Meri Cabe Hejo".
salam
hendra
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

