sateuacana netepan juma'ah,mangga nyanggakeun kanggo 
baraya posting mindo ti simkuring:


Lamun wae aya salah saurang keuna ku musibah teu kudu 
geumpeur, teu kudu susah, upamana bae curukna  pegat ka 
teukteuk, bisa disambungkeun asal ceuk aturan medis 
nyumponan sarat, atuh sing saha bae anu hoyong ngagaduhan 
soca sarupi sareng britney sepir, lain pasualan anu sulit 
cekap ku janten nasabah bank mata sarta ngurus artos 
administrasi, soca tiasa robih sakumaha pesenan

Saha bae bilih salah sawios baraya hoyong kagungan putra 
anu jenius atanapi super jenius, tiasa oge mesen ka puseur 
bank sperma, kantun milih bade ilmuwan, konglomerat, 
artis, bodor atawa koruptor anu can kungsi katangkep 
sadayana aya di bank sperma

Cangkok jantung, ginjel atawa hamperu lain pasualan anu 
sulit deui, lantaran life cycle technology anu tumuwuh 
ngabelesat ,  kakurangan mangsa kiwari bisa dibebener ku 
teknologi modern

Science fiction, malah leuwih maju dina nyieun gambar 
hayal dunya elmu jeung teknologi kadokteran,  sagala 
kamungkinan bisa oge kajadian (side effects) tina kamajuan 
sains jeung teknologi utamana dina widang kadokteran jeung 
chemical engineering  ku ayana pamanggih recombinant DNA,

ceuk dr christian benard ahli bedah cangkok jantung 
netelakeun “lamun lain alatan tinimbangan etika, 
nyangkok jantung anjing atawa sato sejena ka manusa lain 
pagawean anu sulit”  tah kitu lahuta na dunya 
sekuler anu di bobotohan ku dunya barat kamajuan elmu anu 
bebas, teu aya komitmen anu tegas komo deui tanggung jawab 
ilahiah

sanajan kamajuan teknologi kadokteran leubeut ku mangrupa 
pamanggih, tapi keur seler sunda mah can tangtu hasilna 
luyu jeung anu dipiharep, cara dua tangkal buah anu 
dikawinkeun silang teu mustahil hasilna teh aya wae anu 
nyalahan saperti ceuk sisindiran :

cikur jangkung, jahe koneng
lampuyang pamura beuteung
indung jangkung, bapa koneng
anakna  burayut beuteung

tuh.........ceuk elmuwan sunda mah anu didasaran ku tauhid 
jeung tanggung jawab ilahiah geuning najan indungna 
jangkung bapana koneng, anakna mah can tangtu 
nurun............!!!

pek kumaha jadina lamun bibit pasutri anu sakuduna 
dikandung ku sorangan ayeuna disimpen dina rahim batur 
kalan – kalan dina rahim ninina.......cik rek nyebut 
naon eta budak lamun ngaborojol.......jeung kumaha 
hukumna........ceuk agama......??????


oby tea (tong dibaca lamun khotib keur hutbah)

===========================================================================================
"Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat 
akses Internet Gratis..
Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : 
TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
===========================================================================================


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke