Heuheuheuheuyyyyyyy...lain Kang Oby, sigana ieu alus oge mun dijadikeun materi khotbah jumaahan, kantun ditambahan sababarah hadist sareng ayat anu tiasa ngandelan nu dimaksud.
Hatur nuhun KH. Obby Amien........
bosetektea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
bosetektea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
sateuacana netepan juma'ah,mangga nyanggakeun kanggo
baraya posting mindo ti simkuring:
Lamun wae aya salah saurang keuna ku musibah teu kudu
geumpeur, teu kudu susah, upamana bae curukna pegat ka
teukteuk, bisa disambungkeun asal ceuk aturan medis
nyumponan sarat, atuh sing saha bae anu hoyong ngagaduhan
soca sarupi sareng britney sepir, lain pasualan anu sulit
cekap ku janten nasabah bank mata sarta ngurus artos
administrasi, soca tiasa robih sakumaha pesenan
Saha bae bilih salah sawios baraya hoyong kagungan putra
anu jenius atanapi super jenius, tiasa oge mesen ka puseur
bank sperma, kantun milih bade ilmuwan, konglomerat,
artis, bodor atawa koruptor anu can kungsi katangkep
sadayana aya di bank sperma
Cangkok jantung, ginjel atawa hamperu lain pasualan anu
sulit deui, lantaran life cycle technology anu tumuwuh
ngabelesat , kakurangan mangsa kiwari bisa dibebener ku
teknologi modern
Science fiction, malah leuwih maju dina nyieun gambar
hayal dunya elmu jeung teknologi kadokteran, sagala
kamungkinan bisa oge kajadian (side effects) tina kamajuan
sains jeung teknologi utamana dina widang kadokteran jeung
chemical engineering ku ayana pamanggih recombinant DNA,
ceuk dr christian benard ahli bedah cangkok jantung
netelakeun “lamun lain alatan tinimbangan etika,
nyangkok jantung anjing atawa sato sejena ka manusa lain
pagawean anu sulit” tah kitu lahuta na dunya
sekuler anu di bobotohan ku dunya barat kamajuan elmu anu
bebas, teu aya komitmen anu tegas komo deui tanggung jawab
ilahiah
sanajan kamajuan teknologi kadokteran leubeut ku mangrupa
pamanggih, tapi keur seler sunda mah can tangtu hasilna
luyu jeung anu dipiharep, cara dua tangkal buah anu
dikawinkeun silang teu mustahil hasilna teh aya wae anu
nyalahan saperti ceuk sisindiran :
cikur jangkung, jahe koneng
lampuyang pamura beuteung
indung jangkung, bapa koneng
anakna burayut beuteung
tuh.........ceuk elmuwan sunda mah anu didasaran ku tauhid
jeung tanggung jawab ilahiah geuning najan indungna
jangkung bapana koneng, anakna mah can tangtu
nurun............!!!
pek kumaha jadina lamun bibit pasutri anu sakuduna
dikandung ku sorangan ayeuna disimpen dina rahim batur
kalan – kalan dina rahim ninina.......cik rek nyebut
naon eta budak lamun ngaborojol.......jeung kumaha
hukumna........ceuk agama......??????
oby tea (tong dibaca lamun khotib keur hutbah)
===========================================================================================
"Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses Internet Gratis..
Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
===========================================================================================
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

