yeh...lain si kuring siga ali topan atuh, tapi ali topan siga si kuring. hehe.
harita gondrong teh bakatku hayang ngasaan rasana gondrong, mangpang meupeung jauh ti kolot, oge dosen teu paduli -da maranehna oge baheulan sigana galondrong oge, hehe. jadi waas keur gondrong (matak disebutna oge, golden age). dina sirah teh loba penduduk: kutu, lisa jeung barayana kaasup sieur, kadang-kadang-baheula keur gondrong, sok manggih korsi sagala dina buuk teh. meureun korsi paranti kutu calik...haha salah ketang. nu bener, harita teh si kuring ngontrak imah di dago timur. jadi satpam ti lima-genep istri, babaturan kapi lanceuk. jadi kabawakeun manjangkeun buuk, duka kitu, duka pedah harita sakola di seni rupa teh (jadi wayahna mun sok ngaku rupawan teh. komo keur jomblo mah, sok ngaku kasep, ngan teu aya nu apaleun...hehe ayeuna mah hayang rada jabrig saeutik oge, hese. rawing ceuli katel, dititah dicukur bae ku indungna budak. mun rada kusut, barudak di pangulinan sok naranya, bete pa? naha kitu? eta rambut kusut...padahal, balas digaro loba pendudukna, nu ayeuna mah ketombe. ah, keun we antep. papada hayang hirup. moal katipu ku iklan dina tv. haha. loba ketombe teh, sigana pedah eusina jarang dipake. hehe. geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

