geus aya dua mingguna leuwih nyieun surat pindah teh can beres bae. tadi 
memeh jumaahan ka kantor kelurahan antapani kidul. mawa formulir ti rt nu 
ditandatangan rw. oge teu he love, mawa kartu keluarga.

di kantor lurah, disanghareupan ku kasie tramtib (sigana ti ketentraman & 
ketertiban, boa2 dephankamna kalurahan). manehna, kang Uyet Sudaryat, 
ngetik make mesin ketik, ngeusi formulir. beres, diasupkeun kana map, terus 
si kuring nganuhunkeun tadina rek langsung indit, tapi dipenta Rp. 10.000.-

gebeh teh. duit di saawak-awak asa teu cukup sakitu. nya bebeja we rek ka 
atam heula, naek heula angkot ka borma. nyokot duit ti atm, balik deui na 
angkot ka kantor kelurahan nu deukeut radio Antasalam tea. mere duit 
sapuluh rebu ka kang Uyat. terus ngabius, na angkot ka pangulinan, da 
beurang teuing.

beres can? acan euy. kudu ka kantor kecamatan cicadas, lebahna beh ditueun 
terminal cicaheum, ngetan.

jarang nu apal, pamarentahan di urang teh nepi ka residen-bupati. residen 
mah kudu walanda, bupati, pribumi turunan menak, raden  nu muarana ka prabu 
siliwangi. seug atuh. residen priangan, anak buahna bupati di wewengkon 
priangan, ciamis tasik, garut sumedang bandung.

ari desa mah geus ti baheula urang boga sistem eta. ngan dipecah-pecah deui 
basa jaman jepang. RT-RW teh sistem Jepang, tug nepi ka ayeuna aya. jadi 
sistem pamarentahan urang teh campuran model belanda jeung jepang. RT RW 
diteruskeun sabab pamarentah perlu leungeun kakuasaan nepi ka buruan imah 
warga. sanajan kahirupan lembur teu maju teu mundur. malah nu karasa mah, 
birokrasi teh panjaaaang pisan. nyieun surat pindah kudu ka RT, RW, 
Kelurahan, Kecamatan.

ari sistem gajih mah/PNS kungsi ngan nepi ka kecamatan. beh dieu, lurah di 
kota, digaji pamarentah. ari  kuwu-sebutan kepala desa di priangan, teu 
digajih nagara, tapi boga sawah bengkok tea. tapi ari RT RW mah, teu 
digajih, da sistemna can puguh atawa memang teu pararuguh. RT RW mah, siga 
pamarentahan salingkungan, saridona, da  teu digajih.


si kuring nulis-ngeritik soal ayana RT RW ieu teh teu dina surat ka 
mendagri, tapi ngan ukur dina novel Rakkaustarina. haha.






geocities.com/mangjamal 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke