Tos teu aneh MJ di urang.artos heula anu ti payun. lamun kandel masihan buru buru di bereskeun. lamun teu kandelmah iraha bae rapihna. etamah panyakit Turunan..... --- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
--------------------------------- geus aya dua mingguna leuwih nyieun surat pindah teh can beres bae. tadi memeh jumaahan ka kantor kelurahan antapani kidul. mawa formulir ti rt nu ditandatangan rw. oge teu he love, mawa kartu keluarga. di kantor lurah, disanghareupan ku kasie tramtib (sigana ti ketentraman & ketertiban, boa2 dephankamna kalurahan). manehna, kang Uyet Sudaryat, ngetik make mesin ketik, ngeusi formulir. beres, diasupkeun kana map, terus si kuring nganuhunkeun tadina rek langsung indit, tapi dipenta Rp. 10.000.- gebeh teh. duit di saawak-awak asa teu cukup sakitu. nya bebeja we rek ka atam heula, naek heula angkot ka borma. nyokot duit ti atm, balik deui na angkot ka kantor kelurahan nu deukeut radio Antasalam tea. mere duit sapuluh rebu ka kang Uyat. terus ngabius, na angkot ka pangulinan, da beurang teuing. beres can? acan euy. kudu ka kantor kecamatan cicadas, lebahna beh ditueun terminal cicaheum, ngetan. jarang nu apal, pamarentahan di urang teh nepi ka residen-bupati. residen mah kudu walanda, bupati, pribumi turunan menak, raden nu muarana ka prabu siliwangi. seug atuh. residen priangan, anak buahna bupati di wewengkon priangan, ciamis tasik, garut sumedang bandung. ari desa mah geus ti baheula urang boga sistem eta. ngan dipecah-pecah deui basa jaman jepang. RT-RW teh sistem Jepang, tug nepi ka ayeuna aya. jadi sistem pamarentahan urang teh campuran model belanda jeung jepang. RT RW diteruskeun sabab pamarentah perlu leungeun kakuasaan nepi ka buruan imah warga. sanajan kahirupan lembur teu maju teu mundur. malah nu karasa mah, birokrasi teh panjaaaang pisan. nyieun surat pindah kudu ka RT, RW, Kelurahan, Kecamatan. ari sistem gajih mah/PNS kungsi ngan nepi ka kecamatan. beh dieu, lurah di kota, digaji pamarentah. ari kuwu-sebutan kepala desa di priangan, teu digajih nagara, tapi boga sawah bengkok tea. tapi ari RT RW mah, teu digajih, da sistemna can puguh atawa memang teu pararuguh. RT RW mah, siga pamarentahan salingkungan, saridona, da teu digajih. si kuring nulis-ngeritik soal ayana RT RW ieu teh teu dina surat ka mendagri, tapi ngan ukur dina novel Rakkaustarina. haha. geocities.com/mangjamal Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Sponsor ADVERTISEMENT --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

