Kang Jalak anu sok hibeur kaditu kadieu bari mamawa kamera, abi oge da urang Panawangan atuh, salembur sareng Kang Kosasih, kacida bingahna upami Kang Jalak kersa oge nga japri photo Panawangan ka abi, atanapi upami teu kaabotan mah mangga we abi kintunan sadaya photo Akang di tatar sunda.
Kana juprat-jepret mah abi oge resep pisan Kang, mung teu kiat modal..heheheheh...kabita pisan udar-ider ngurilingan Indonesia bari ngarekam pamandangan endahna, komo mun tos ningali photo udara mah Kang.....sok kabita pisan.
Mangga Kang upami teungarepotkeun mah...DIANTOSSSSSSSSSSSSS

akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kahkahkahkahkahkah.... (seuri-na siga kang Roslee
tea.....)
Sanes kang Jalak... ngeunaan eta jalan teh Abdi mah
sok hoyong seuri oge lamun emut basa mimiti ngalih ka
dinya. Harita teh aya uwa ti lembur nuju mondok di
bumina pun raka di cileduk. Heug we ku abdi diajakan
nyimpang heula " Hayu uwa ayeuna ka EE heula..." Puguh
we eta si uwa molohok bari jeung balik nanya "Naha
kitu uing kudu ee heula? rarasaan mah lain uing nu
hitut"  Ah eta si uwa...

Di caket jalan tol palebah mana na eta kantor teh
Kang?   Upami saptu teh lebet kantor henteu Kang?
Lamun Akang saptu damel, ke abdi nyimpang kadinya.. da
dinten saptu mah abdi sok kabagean nganteurkeun budak
jeung indung-na ka Al-Kamal (Budak 2 sakola kabeh di
Al-Kamal jeung indung budak deuih ngawulang di
Institut Science Teknologi Al-Kamal-ISTA). Janten rada
apal daerah dinya teh pedah sok kaliwatan.

Sok lah kang Jalak pangintunkeun eta foto, di-japri
we, lamun di-guar didieu sigana kabeh baraya kusnet
bakal kabitaeun hoyong ningal ka ditu... urang nu
ripuh euy. he he he
Da ceuk abdi mah kieu Kang...Lamun sorga saendah
panawangan, geus cukup lah keur kuring mah.... he he
he beuki kabitaeun eta baraya kusnet teh...

Cag ah,
Akos

--- Jalak Harupat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kang Akos,
> abdi di caket jembatan jl Tol. Nya kadinya mah
> terang atuh mung kajero-jerona mah teu apal. Eta
> leres Jl. EE, sok heureuy si akang mah tong EE
> dimana wae atuh kang...nya dingarana Jl. EE.
> He..he..he...
> Abdi kantos moto-an di Panawangan ke geura urang
> guar manawi masih keneh aya meh Kang Akos kahibur ku
> lemburna. Maklum abdi mah kadang aber-aberan
> ningalian sawah, di TAsik kumaha sawahna di Garut,
> di Sumedang sabuderan JAwa Barat we.....Ngan acan ka
> lengkob-lengkob mah......
> Eta anu ti Panawangan Ka Situ jalanna meni netek
> tapi endah euy....

> Jalak
>



     
           
__________________________________
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!
http://promotions.yahoo.com/new_mail


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke