Teh Nety, oge nu sanesna...,

Situ Panjalu atanapi Situ Lengkong, Panjalu, ngarupakeun salah 
sahiji situ di wewengkon Cimais kaler, pernahna di Kacamatan 
Panjalu, kurang leuwih 2 km ti ibu kota kacamatan Panjalu. Leres 
rupina, situ anu kantos disumpingan ku Teh Nety teh Situ Panjalu, 
komo upama anjog ka dinya teh nalika Teh Nety ngajugjug Banjar ti 
Bandung (ngalangkungan Panumbangan atanapi Suryalaya).

Kaleresan, banjarkarang pamidangan si kuring teh heunteu tebih ti 
eta situ, kurang leuwih 7 km wetaneunna. Upama ti Panjalu ka Banjar 
ngalangkungan Kawali mah kalangkungan pisan. Anu sanesna, ua Jojo. 
Anjeunna kawit ti wewengkon anu langkung caket ka Situ Lengkong. Ti 
payun kungsi umajak ka warga milist Kusnet, pikeun wisata budaya ka 
eta patempatan. Teu acan kalaksanakeun sangkilang dibibitaan ku 
nguseup di balong pipir imah sorangan oge ...hehehe, saribuk rupina.

Situ Lengkong lumayan lega, eta bae di tengahna teh aya pulo buleud 
anu katelah Nusa Pakel atawa Nusa Larang tea, legana kirang langkung 
5 km2. Jarak ti sisi situ ka pulo rata-rata aya kana 300 meteran. 
Pulo teh masih negmploh hejo ku tutuwuhan leuweung anu masih asli. 
Aya panalungtikan ti ITB yen di eta pulo masih kapendak  
tutuwuhan "endemis" (tutuwuhan "khas" atawa anu kapendak ukur di eta 
patempatan/satempat). Di lawang gapura asup ka pulo Nusa Larang 
ayang patung naga sajodo. 

Nya ieu cenah anu disebut sajodo Nogososro teh. Upama nitenan 
sajarah, nami-nami anu nganggo "naga" teh ngawitan ti Naganingrum, 
ibuna Ciungwanara tea (abad 7 M). Teras sajodo keris pusaka Prabu 
Linggabuana anu perlaya di Bubat tea oge  dinamian Nogososro. Upama 
dina keris eta gambar naga teh dua dimensi sapanjang keris, di 
gerbang ka pulo Nusa Pakel mah 3 dimensi. Kapalihdieunakakeun, ti 
antara turunan luluhur Panjalu, aya anu namina Nagaruncing (Kang 
Dudi malih kantos ngainformasikeun ayana keris Nagaruncing).

Situ Lengkong pakait sareng sajarah karajaan Galuh, katoongna Galuh 
periode awal. Di lebet pulo leres aya patilasa atawa makom 
sababaraha tokoh karajaan Sunda, diantaran Sanghiyang Prabu Boros 
Ngora (putrana Prabu Cakradewa, luluhur Panjalu) oge makomna, ceuk 
sakaol, Prabu Sanghiyang Wastukancana (raja Sunda di Kawali).

Situ Lengkong oge pakait sareng carita rakyat ngeunaan Prabu 
Borosngora anu ngarupikeun turunan raja anu kalebet ngawitan 
nyebarkeun agama Islam di Tatar Sunda, khususna Priangan Wetan. 
Prabu Borongora teh putrana Sanghiyang Cakradewa, hiji raja anu 
kawentar kasaktianna jeung tatapana. Sok sanajan teu acan ngagem 
agama Islam, ieu Sang Cakradewa teh kalebet monthies. 

Saur Kuncen Cipanjalu, "Cakradewa" asal kecapna tina "cakra" (X) anu 
hartosna heunteu mikawanoh atawa heunteu ngagem kapercantenan 
ka "dewa" atawa berhala-berhala. Kumargi kitu, ieu sang Cakradewa 
teh miwarangan putrana, Prabu Borosngora tea milarian agama anu 
leres jalaran parantos aya ilham ka anjeunna yen dina mangsa harita 
di wewengkon sejen tos aya anu nyebarkeun agama anu leres (nyatana 
Islam di tanah Suci Mekkah tea). Makom Prabu Cakradewa aya di 
Cipanjalu, kalebet desa Bahara, kirang langkung 10 km ti Panjalu ka 
wetan. Nya ti Cipanjalu ieu asal muasal cai Situ Lengkong, ceuk 
sakaol.

Kajadian situ (sasakala) numutkeun eta carita, nyaeta tina cai anu 
dicandak nganggo sisiuk molongo atawa siwur karancang (nanging tetep 
tiasa diannggo nyandak cai) anu dicicikeun ka eta patempatan tuluy 
bleg jadi situ. Anapon eta katiasa teh ngarupikeun syarat ti ramana 
salaku tawis Prabu Borosngora parantos hasil mendakan guru sareng 
nyangking elmu kasalametan. Siwur dialungkeun ragrag di Cipanjalu 
jadi hulu cai anu ngaburial tarik pisan (debit langkung ti 10 
liter/detik), caina herang tur nyegerkeun awak), sanaja aya di luhur 
gunung (kl 900 m te beungeut cai laut), anu jadi sungapan cai ieu 
situ.

Carita rakyat kalan-kalan teu bisa ditarima ku akal pipikiran urang 
umumna. Heunteu ngabibisani da mindeng dina carita rakyat teh aya 
simbol atawa aya anu ditutupan, pesekaneun. Pikeun ngamaknaan eta 
carita rakyat, mangga uningaan bae salah sawios seratan anu kantos 
mucunghul di milist dina alamat ieu:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/8652


Cag.

Baktosna,
manAR  


--- In [EMAIL PROTECTED], akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Leres teh Netty, Situ Lengkong teh anu aya di Panjalu
> tea. Di tengah situ teh aya pulo alit, namina Nusa
> Larang, anu aya makam keluarga Prabu Borosngora,
> karuhun urang Galuh saurna mah. Panginten sami karuhun
> urang oge Teh.  
> Manawi teh Netty, tatar galuh na palih mana teh?
> 
> wassalam,
> Akos
> 
> 
> --- Nety Martin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Nuhun ah kang Jalak.
> > eta sawah sareng situ meuni endah kacida ,waas.
> > ari situ lengkongteh sanes anu di panjalu.
> > abdi kantos kasitu anu di panjalu,ngan duka situ
> > naon
> > namina.
> > 
> > nety
> > Turunan Galuh ,waas hoyong mulang .
> 
> 
> 
> 
> 
>               
> _______________________________
> Do you Yahoo!?
> Win 1 of 4,000 free domain names from Yahoo! Enter now.
> http://promotions.yahoo.com/goldrush



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke