Waktu mimiti ningali di Atambua aya lalaki guyam-gayeum, biwirna ngabulaeh
beureum, jiga tas ngegel hayam hirup, kuring rada kaget. Tapi sanggeus
disidik-sidik geuningan manehna teh eukeur nyeupah. Ari sugan teh nyeupah
lain hal nu "penting" keur urang Belu, tapi sanggeus kuring asruk-asrukan ka
desa-desa, kakara ngarti yen ngalemar teh kaasup "elmu Gaul"na urang Belu.
Waktu mimiti nganjang ka Imah penduduk (imah Camat), nu mimiti diasongkeun
teh lemareun : Seureuh, jambe jeung apu. Wadah lemareun dijieun tina anyaman
awi. Rada bingung oge, ningali nu nganteur kuring (urang Bapeda Belu) nyieun
lemareun, dauh seureuh dibungkuskeun kana jambe jeung apu, terus dihuapkeun.
Keur ngahormat nu boga imah, kuring nurutan, tapi ukur seureuhna we digayem,
teu wani make jambe jeung apu mah, da nyaho eta teh rasana peuheur keur nu
kakara mah (Inget ka pun Nini nu sok ngalemar teh, baheula).

Jarang penduduk desa anu ngaroko (kuring mah malah henteu manggihan pisan),
tapi nu nyeupah mah ampir kabeh. Huntuna sadayana bareureum tapi ngaregreg
kararuat da ceuk cenah mah nyeupah teh nguatkeun huntu. Seureuh, jambe jeung
wadah seupahan jadi komoditi, dipasar-pasar seueur nu dagang daun seureuh
dibeungkeutan, jambe meunang ngeureutan araripis. Atuh wadah lemareun
anyaman awi nu dialus-alus digelar disagigireun seureuh jeung jambe.

Ari sugan kuring teh, nyeupah alias ngalemar geus punah da di Tatar Sunda
mah rarasaan teh geu teu aya, diganti ku roko!

-WALUYA-







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke