Sisig nini.

Digalar digilir na waos hideung
ageungna sami peureup rupina hideung
sakapeung mah ambu teh linglungan
sok disimpen dina piring alas
ku abdi disampeurkeun
manawi teh peuyeum ketan hideung
diicip icip bet pait
sihoreng teh ....sisig nini.

Emang kantos ngumbara kenging 5 taun di Kupang dayeuna 
 NTT.  Leres sakumaha anu tos disaurkeun ku Bah Willy, 
 Atambua teh tapelwates NTT sareng TIMTIM (Timor Lorosae). 
Pameget tos ilahar ngabulaeh  nyeupah bari dikukuyudut 
sarung tinun ( ' tenun ikat'). Upami leueuteunana nyaeta 
legen /wedang tuak tina buah siwalan. Numawi karedul da 
weureu, gawena sare.

Pasipatan rereana  urang ditu kacida ngajungjung 
kaumainganana. Sering kajantenan aya nu icalan di 
pasar,upami barang teu pajeng, tinimbang diical mirah 
mendingan dipiceun. Kitu deui haokgaplok teh soksering 
kanjantenan. Hiji waktos aya US  misahjalmi nu nuju pasea 
rongkah, na atuh ari gaplok teh US kalah kalah dikadek, 
toskitu anu paseana teh kalah balaham belehem duanana 
silih tangkeup.

Waktos mahabuna perang di TIMTIM taun 70-an dugi ka 80-an, 
Atambua dijantenkeun  markas komando  seueur Perjurit US 
perlaya,a ya nu ti Yon 328,330, 347,ssjte, dikurebkeunana 
salinta di Kupang oge di TMP Motoain (wates Kab.Belu NTT 
sareng Ka.Bobonaro TIMTIM).

Di Kupang aya paguyuban US anu dinamian Mangle. Kempelan 
ieu teh ketang hiji duduluran anu layeut (solid). Sakumaha 
paguyuban S4 (simpay seuweu siwi siliwangi ) di Pontianak.

Hanjakal bah Willy teu ngintun oleh-oleh  anu kasohor ti 
ditu nyaeta upami teu dengdeng uncal atanapi daging se-i 
(daging anu dieuneum haseup) raos pisan.

Hatur Bah Willy.
MangJojo
On Tue, 31 Aug 2004 13:11:48 +0700
  "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Waktu mimiti ningali di Atambua aya lalaki guyam-gayeum, 
>biwirna ngabulaeh
> beureum, jiga tas ngegel hayam hirup, kuring rada kaget. 
>Tapi sanggeus
> disidik-sidik geuningan manehna teh eukeur nyeupah. Ari 
>sugan teh nyeupah
> lain hal nu "penting" keur urang Belu, tapi sanggeus 
>kuring asruk-asrukan ka
> desa-desa, kakara ngarti yen ngalemar teh kaasup "elmu 
>Gaul"na urang Belu.
> Waktu mimiti nganjang ka Imah penduduk (imah Camat), nu 
>mimiti diasongkeun
> teh lemareun : Seureuh, jambe jeung apu. Wadah lemareun 
>dijieun tina anyaman
> awi. Rada bingung oge, ningali nu nganteur kuring (urang 
>Bapeda Belu) nyieun
> lemareun, dauh seureuh dibungkuskeun kana jambe jeung 
>apu, terus dihuapkeun.
> Keur ngahormat nu boga imah, kuring nurutan, tapi ukur 
>seureuhna we digayem,
> teu wani make jambe jeung apu mah, da nyaho eta teh 
>rasana peuheur keur nu
> kakara mah (Inget ka pun Nini nu sok ngalemar teh, 
>baheula).
> 
> Jarang penduduk desa anu ngaroko (kuring mah malah 
>henteu manggihan pisan),
> tapi nu nyeupah mah ampir kabeh. Huntuna sadayana 
>bareureum tapi ngaregreg
> kararuat da ceuk cenah mah nyeupah teh nguatkeun huntu. 
>Seureuh, jambe jeung
> wadah seupahan jadi komoditi, dipasar-pasar seueur nu 
>dagang daun seureuh
> dibeungkeutan, jambe meunang ngeureutan araripis. Atuh 
>wadah lemareun
> anyaman awi nu dialus-alus digelar disagigireun seureuh 
>jeung jambe.
> 
> Ari sugan kuring teh, nyeupah alias ngalemar geus punah 
>da di Tatar Sunda
> mah rarasaan teh geu teu aya, diganti ku roko!
> 
> -WALUYA-
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor 
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada 
>seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan 
>dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, 
>dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 

===========================================================================================
"Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat 
akses Internet Gratis..
Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : 
TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
===========================================================================================


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke