mun hayang nu lengkepna mah datang ka batam... ngke ku uing dipangcopykeun...
uing boga 4 CDna, aya 17 pupuh, aya wawacan, aya kendang penca, aya beluk,
aya pantun, aya naon deui nya... ngan hanjakal CD BLA 2 mah uing can boga... hehehe..
 
boga soteh kamari basa mudik ka bandung, diajak ulin ku nyi mpup ka uwa sas,
alhamdulillah dibahanan 4 CD eta jeung buku sajarah sunda, haratis deuihhhh...
matakna mun mudik teh sumpang simpang geura ka baraya nu aya di bandung,
meh dibahanan bawaeun ka batam... heuheuheu... da ieu mah mudik teh ka mitoha deui, mitoha deui... :P
komo basa nyimpang ka nagrak mah, ka tempat kang wawan,
rek dibahanan sampeu sakarung, lauk emas sakintal, ngan ku uing ditolak atah2..
kacida tuda kang wawan mah, maenya ngabahanan mani teu euleum-euleum... hehehe...
ari ku kang hendri mah angger we dibahanan anak jaer jeung dianteurkeun nepi ka kota...
mun ku nyi mpup mah dibahanan bajigur sadreum..
 
Panzi
*Ngeunah nya loba baraya teh... hehehe...
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, September 01, 2004 11:48 AM
Subject: [Urang Sunda] Pupuh...

Kahatur Ki Hasan ..
Hatur nuhun pisan yeuh.. janten kaemutan deui yeuh ka ibu Etty mun teu lepat
mah guru Bhs Sunda, di SDN Cikutra. anjeuna mun tos nembang teh siga SInden
pisan yeuh..
deuh mun sadayana tiasa di betotannya... heuheuheu... nembe 6 anu tos
kabetot teh.. da bade ngupingkeun tidinya langsung geuningan kedah di save
wae.. nya tos wae.. sakantenan..

cag ahh,... Hatur nuhun pisan wee intinamah ka Ki Hasan..

baktosna,


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke