mun hayang nu lengkepna mah datang ka batam...
ngke ku uing dipangcopykeun...
uing boga 4 CDna, aya 17 pupuh, aya wawacan, aya
kendang penca, aya beluk,
aya pantun, aya naon deui nya... ngan hanjakal CD
BLA 2 mah uing can boga... hehehe..
boga soteh kamari basa mudik ka bandung, diajak
ulin ku nyi mpup ka uwa sas,
alhamdulillah dibahanan 4 CD eta jeung buku
sajarah sunda, haratis deuihhhh...
matakna mun mudik teh sumpang simpang geura ka
baraya nu aya di bandung,
meh dibahanan bawaeun ka batam... heuheuheu... da
ieu mah mudik teh ka mitoha deui, mitoha deui... :P
komo basa nyimpang ka nagrak mah, ka tempat kang
wawan,
rek dibahanan sampeu sakarung, lauk emas
sakintal, ngan ku uing ditolak atah2..
kacida tuda kang wawan mah, maenya ngabahanan
mani teu euleum-euleum... hehehe...
ari ku kang hendri mah angger we dibahanan anak
jaer jeung dianteurkeun nepi ka kota...
mun ku nyi mpup mah dibahanan bajigur
sadreum..
Panzi
*Ngeunah nya loba baraya teh...
hehehe...
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, September 01, 2004
11:48 AM
Subject: [Urang Sunda] Pupuh...
Kahatur Ki Hasan ..
Hatur nuhun pisan yeuh.. janten
kaemutan deui yeuh ka ibu Etty mun teu lepat
mah guru Bhs Sunda, di SDN
Cikutra. anjeuna mun tos nembang teh siga SInden
pisan yeuh..
deuh mun
sadayana tiasa di betotannya... heuheuheu... nembe 6 anu tos
kabetot
teh.. da bade ngupingkeun tidinya langsung geuningan kedah di save
wae..
nya tos wae.. sakantenan..
cag ahh,... Hatur nuhun pisan wee
intinamah ka Ki Hasan..
baktosna,
Komunitas
Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links