Sabenerna mah geus rada lila ngawangkong jeung barudak karta (Karang Taruna) teh, hayang ngayakeun bedah buku di Mgwangi tangtu we jeung warga sejenna, maksudna mah ambih aya kagiatan anu aya bukuran saeutik mah.
Asana kuring teh baheula kungsi nulis di ieu milis dunya pangarang siga aya dina munara beling, soal sastra ngan ukur diobrolkeun di kelas, dina seminar anu tempatna di hotel atawa bedah buku di hotel, kafe jeung tempat sejena anu sabenerna mah "anggang" jeung nu macana.
Tapi lamun dunya (seni) lukis geus ngadareukeutan ka panikmatna, ayeuna loba galeri nu sifatna pribadi anu terbuka keur umum malah kapan tempatna kalan kalan aya di pakampungan, atuh geus puguh seni musik/ pertunjukan mah geus leuwih deukeut ka masyarakatna, geura we aya dalang wayang suket, teater oncor jrrd.
Ari dunya sastra nu karasa teh siga nu beuki ngajauhan ti masyarakat pembacana(?), keur mah harga buku kaitung mahal, pangarangna sorangan siga nu "asyik bermain sendiri", memang bener aya anggapan, ceuk cenah, lamun hiji karya geus dileupas ka masyarakat, didinya pangarang geus teu boga hak deui pikeun "ngapimilik" eta karya, lantaran, ceuk cenah deui bae, eta karya teh geus jadi domain publik.
Aya gerentes hate, hayang narik pangarang ka tingkat RT/RW, didinya pangarang sina ngabamblam copelna nyaritakeun kumaha proses kreatif nu dilakonan, sahenteuna sugan jeung sugan bakal narik minat baca barudak karta, sukur sukur lamun warga sejena oge ngilu kataji, tong waka nyarita soal apresiasi da tangtu bakal rada hese sabab audienna hoterogen.
Lain hartina si kuring ngaragragkeun martabat pangarang nu jadi pembicara di tingkat RT/RW, tapi sabalikna ngajaulkeun martabat pangarang dina harti leuwih deukeut ka pembacana.
Nu jadi implengan, keur ngabalakan, nya MJ anu kapeto teh, kahiji atuh kuring nyaho kasang tukang MJ, kaduana novel MJ (Louisina Louisiana jeung Rakkaustarina) kaasup dina genre pop, tangtu bakal leuwih nyambung keur barudak rumaja.
Kira kira waktuna awal bulan Oktober memeh puasa, ieu ge kakara implengan, da encan ari ngobrol daria jeung barudak mah, ayeuna teh keur rada kampanye, unggal panggih jeung barudak karta sok diobrolan kitu, ari tanggapan saheulaanan mah positip atuh ti warga sejena oge positip.
Nu bakal jadi "pembedah" rek ngajak ti Teater Sunda Kiwari saurang mah, malah mun bisa mah rek ngajak kekentongna pisan, atuh keur ngeuyeub ngeuyeub mah si kuring ge daek ( ana kitu kuring teh kudu maca novel MJ nepi ka tamat mangkaning nepi ka ayeuna can tamat keneh).
Format bedah buku teh rek nurutan basa bedah buku di Ultimus, nu ngiluan eta acara sina diuk ngampar, keur pangarang jeung "pembedah" mah sina anegleng dina korsi pendek di hareup.
(....nu ieu mah tong dibaca.....ceuk barudak karta...."Pa tiasa dipasihan bukuna anu bade dibedah...supados engke dina derna tos terang eusina..!!", ....bedul teh...meureun kudu mere lima buku mah ka barudak karta yeuhhh...)
 
Mang J saip siap we nya bisi jadi.
 
MSasmita.
 
 
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke