Poe kamari pabeubeurang di kantor kadatangan Kang Oby (Obay Sobarli), kahiji mah seja amitan da ti mimiti tanggal 1 Septem 2004 anjeuna tos ngawitan MPP atuh kaduana mah silaturahmi, enya kuring teh rada tambelar, da unggal ka Jkt teh sok tara kasiwer manggihan, hapunten Kang...!Duka tah saatos MPP naha anjeuna bakal ngintun deui seratan ka Kusnet atanapi moal, da tangtuna ge ari kedah akses ti bumina rada awis mayar internet teh, tapi sugan we osok keneh, mun tea mah teu aktip deui di Kusnet, kacida leungiteunana, da anjeuna teh kalebet R&Dna Kusnet (ceuk MJ eta teh), sabab lamun maca posting ti anjeuna sok aya bae "kejutan" boh heureuyna boh nu sifatna tulisan daria, karasana tulisanana teh sok didadasaran ku referensi anu kuat jeung loba pulunganeunana.Kang Oby mere arsip arsip sabebed, utamana kliping, nu eusina loloba soal kasundaan, boh bahasa, boh sastra, boh anekdotna, tangtos aya mangfaatna. Hatur nuhun Kang Oby.Wanoh sareng Kang Oby jaman keur ngora antara taun 1975 utamana basa babarengan di Pusdikhub AD di Cimahi, da jaman harita mah unggal nu asup ka pausahaan teh kudu we ngiluan bintal di Pusdikhub AD, sabulan dua bulan mah.Inget keneh kajadian di rohangan asrama, aya urang peuntas, ngomong ka kang Oby engke jam sapuluh peuting lamun aya kontrol ti perwira piket, hudangkeun, manehna rek sare heula, kang Oby unggeuk ngaenyakeun, sanggeus eta urang sebrang sare, indung sukuna ditalian ku tali sapatu kana risbang ku kang Oby.Enyaan jam sapuluh peuting teh aya kontrol ti perwira piket (tentara enyaan ieu mah), puguh we kabeh ge obyag, eta urang sebrang teh diguyahkeun, manehna ngajleng na atuh ari gubrag teh tibeubeut da sukuna nyangked katalian ku tali sapatu.Kang Oby ukur nyenghel, atuh puguh we saeusi asrama meunang hukuman, skotjam tilupuluh kali.Wanian jeung rada lenger keur ngorana mah kang Oby teh.Satutas rengse di Cimahi, pleng teu tepung deui, da tugas sewang-sewangan, kuring anjaclang ti Kalimantan, Sumatra, Irian, Lombok, Flores, Bali atuh kitu deui kang Oby asana mah lilana di Palembang.Tepung deui taun 1997 di Jakarta sadivisi sok sanajan beda bagian, atuh babarengan deui, utamana pedah sarua jadi anggota KGB, biasana babarengan jadi Mr Carles unggal poe Jumaah, di perjalanan sok ngawawaas maneh, ngadon cinutrung dina bordes."Kang Oby apal Wardo..?'"Nya apal atuh......!" bari terus ngareret kaluar palebah Andir ka Ciroyomkeun..."Tuh..diditu baheula mah...!"Kuring unggeuk bari ngomong "..Geuning apal...!!"Kang Oby wilujeng ngahenang ngahening di bumi,...kade ulah hilap olah raga...!!MSasmitaKGB = Kareta Gambir BandungCarles = ngecar terus ngereles.Wardo = Waru Doyong, tempatna sisi susukan Cilimus di Gang Halteu Bandung, baheula mah eta teh tempat awewe bangor.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

