Assalamu'alaikum wr, wb. Alhamdulillah...., kaparengkeun ulin jeng kang Yaya teh. Poe kamari pabeubeurang sim abdi narima sms ti kang Yaya (kaleresan keur aya di Bandung), anjeuna ngajakan tuang siang atuh puguh bae atoh nu aya keur eukeur geus lila teu tepang jeung kang Yaya teh (nu puguh mah atoh aya nu rek ngajajanan...heheh). Atuh sapada harita biur bae nyamper kang Yaya anu keur aya di warnet di Jl. Sulanjana, sadatangna ka warnet kasamapak kang Yaya keur beberes rek siap-siap mangkat. Sabada rengse kang Yaya babayar di warnet, atuh biur bae muru tempat anu geus diajam tianggalna ngan cenah kumaha lamun urang nyamper heula kang Oman di pangulinana. Atuh samemeh ka tempat dahar teh nyamper heula kang Oman, tidinya bring bae jadi tiluan muru tempat dahar tea (cape Studet nu aya di Jl. Tamansari). Di jalan kapahung ku hujan atuh basa nepi kanu di tuju teh lumayan rada rancucut (sok sanajan make kuda tapi pas turuna), sawaktu keur nungguan pesenan kang Oman menang talipun ti abah Surya rehna lamun aya waktos diantos di bumina. Kacaritakeun...rengse bae balakecrakan teh (moal disebut jeung naon- naona mah bisi kabita....heheh), ti dinya biur bae muru ka bumina abah Surya di Jl. Sukasenang sok sanajan keur kang Yaya mah waktuna rada samporet da udag-udag ku dines, majarkeun teu asa liburan ka lemah cai teh da angger kudu mere laporan ka dunungan, nu puguh mah asa pindah kantor cenah..... Saanjogna ka bumi abah Surya, deur bae ngobrol ngaler ngidul mani umplek nu tadi moal lila teh ari geus ngobrol mah teu karasa waktu teh...nyaho-nyaho geus ampir jam opat deui. Dina obrolan teh rame sagala dicaritakeun boh nanggap kang Yaya, kitu deui Abah Surya. Malah kang Oman mah sacara langsung ngulem abah Surya kanggo ngaluuhan cara silaturahmi Kusnet di Cimalati tea, Alhamdulillah abah Surya ngarojong tur nyanggeuman bakal hadir malah seuer agenda kanggo bahan bahasen engke dina waktuna. (panginten wengina Uwa Siddik nalipun ka abah Surya kanggo acara di Cimalati tea). Kusabab kang Yaya mah kudu mesen tiket kareta api pikeun ka Jakarta isukna, satutasna ngobrol+ dipoto sagala nya amitam ka abah Surya. ti dinya mah biur bae tiluan teh neruskeun lalampahan satuluyna, kang Oman balik deui ka pangulinana, sim abdi mah nganter heula kang Yaya meuli tiket, anu satuluyna mah balik deui kang pangulinan da rumasa lila tuing bolos alias carles....heheh.
Cag...ah, sakieu laporan lalampaham poe kamari jeung kang Yaya + kang Oman. punten bilih aya basa anu kirang merenah....nuhun. BM'69 - Teu hilap salamna ti kang Yaya kanggo sadaya baraya di KUSNET - Oge punten ka Ua Sas lan MJ teu kasamper... ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

