Upami teu lepat mah eta teh aya patula patalina sareng pembongkaran situs batutulis dina raraga milarian harta karun tea, kajadianna sababaraha waktos kalangkung,eta kagiatan pembongkaran teh diluluguan ku Bapak Menteri Agama Republik Indonesia harita.
Upami teu lepat oge di wewengkon batutulis aya aktivis budak ngora urang sunda ( hilap deui namina, namung kantos dimuat dina Mangle ) anu gede wawanen merjoangkeun kalestarian eta situs.
Kitu upami teu lepat mah...mangga nu sanesna ngalereskeun atanapi nambihan .
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dina salah sahiji angkot Cicaheum-Ciroyom, kuring ningali aya stiker
nu ditempelkeun dina panto mobil, nu eusina kurang leuwih
kieu : "CADU URANG SUNDA NGAROJONG KANU NGARUSAK KABUYUTAN
(Batutulis). KA SING SAHA ANU WANI NGARUMPAK ENGKE PASTI BINASA".
Eta stiker teh dijudulan WANGSIT PRABU SILIWANGI, make gambar hulu
maung.
Sajeroning dina angkot, kuring mikir, naon maksudna eta nu nyieun
stiker? aya hubunganana jeung Pemilu putaran kadua kitu?
-WALUYA-
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

