Muhun ari kitu mah atuh Kang aya indikasi unsur kampanye dina stiker eta, janten masalah ieu teh dijadikeun komoditas pulitik atuh nya, asa na rada caang kanggo noong pihak mana anu nembak sareng pihak mana anu janten sasaran tembak na teh nya Kang...heuheuy deudeuh karunya teuing jalmi ...milarian artos , pangkat, jeung jabatan nepikeun ka sagala cara dilakonan , padahal mah duka babantu duka heunteu tah si nu ngadamel stiker ka urang sunda harita.
Tapi keun bae lah Kang...nu penting mah urang mah teu kitu-kitu teuing

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres kang Dhany eta stiker teh aya hubunganana sareng kalakuan
menteri Agama anu "ngukuy" Batutulis dua taun kapengker. Harita di
lembur Kusnet oge rada "geunjleung" ku kalakuan MenAg teh. Ngan
kuring teh rada aneh, kuayana stiker eta, ayeuna, dimana isu ngukuy
batutulis parantos "tiis". Sareng aya kecap "NGAROJONG", rada harib-
harib kana pemilu jigana mah ?????? duka ngarojong saha nu
dicadukeun teh ..........

WALUYA


--- In [EMAIL PROTECTED], Dhanny Kurnia <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Upami teu lepat mah eta teh aya patula patalina sareng
pembongkaran situs batutulis dina raraga milarian harta karun tea,
kajadianna sababaraha waktos kalangkung,eta kagiatan pembongkaran
teh diluluguan ku Bapak Menteri Agama Republik Indonesia harita.




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke