|
Poe Juma'ah Ba'da Isya Kuring jeung pun bojo anu
kahiji miang ti Bandung ka Banjar... biasa aya ondangan ki Dulur
ngawinkeun.....
Poe Sapetu isuk-isuk Si kuring ngahape ka Ibu Lilis
(? mun teu salah...) jurganana Pabukon di Banjar...
ngan hanjakal Anjeuna bade angkat ka salah sahiji
gunung di Tepungkanjut .... (punten sanes jorang)
Bade ngalereskeun barudak Sakola ti SD-na ..anjeuna
janten dosen di salaha sawios SD di Banjar... nuju EL-TE... teuing singkatan
naon pokonamah barudak pramuka meuiting di leuweug.....
Anjeuna ngalaporkeun... yen di Pabukon anjeunana..
seueur anu darongkap ngadon maca .. utamina rerencangan budakna.. ari barudak
karesepna maca dongeng atawa legenda... ngan hanjakal cenah bukuna mung
sakedik.. janten ampir sadaya buku legenda anu aya tos kabaca ku barudak...,
Lian ti eta atuh kolot oge ...Aki-aki jeung
Nini-nini tatangga anjeuna teu kurang anu daratang.... ngadon maca ... anu di
Baca ku Kolotmah lolobana Majalah saperti MANGLE.... pon kitu deui wae kondisina
... ampir sadaya tos kabaca....
Anjeuna meredih ka urang sadaya ..... nyuhunkeun di
gentos majalah/buku anu aya... sareng nyhunkeun ditambihan...
Utamina Buku Dongeng/Carita/Legenda anu dipikaresep
Barudak..
Atuh keur kolot... iwal ti Majalah, oge
Artikel-artikel kayaning Pertanian, peternakan saperti cara ngurus Lele dumbo,
Peternakan Hayam..jsb.
Iwal ti Eta aya deui anu hoyongeun muka Pabukon...
Nya eta Ibu Sutiha di Kampung Banjar-Kolot +/- 3 Km ti tempat anu
tadi...
Ibu Sutiha teh Pangsiunan ti Perkebunan di Banjar,
Ku kuring ditingali Bumina.. ngan teu asup da tengah peuting (tas mulang
Gapleh)..
Ari nilik buminamah lumayan gede.. malah anjeuna
boga sanggar tari.. oge sok ngalatih tembang sunda di Bumina...
Anjeuna kantos nyarios ka rerencangan abdi...
Aang... anu kantos ngiring dongkap dina riungan di Bumi Ua Sas sababaraha waktu
katukang..
Cenah hoyong muka Pabukon di Bumina.... nya ari
Obyeknamah Tatangga wae jeung murid-murid anjeunana.. (kalolobaan
nonoman)
Tah etamah teu langkung para Kuncen
wae.......
Cag Ah....
Wassalam
Mamat Rachmat van Banjar
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- [Urang Sunda] Pamajikan Leungit! Deny Suwarja
- RE: [Urang Sunda] Laporan Pabukon di Banjar... Mamat Rachmat
- Re: [Urang Sunda] Pamajikan Leungit! tia kecil
- [Urang Sunda] Re: Pamajikan Leungit! kumincir
- Re: [Urang Sunda] Re: Pamajikan Leungit! Deny Suwarja
- [Urang Sunda] Re: Pamajikan Leungit! kumincir
- Re: [Urang Sunda] Re: Pamajikan Leungit... Deny Suwarja
- Re: [Urang Sunda] Pamajikan Leungit! Riyadi Syahardani
- Re: [Urang Sunda] Pamajikan Leungit! Dhanny Kurnia
- [Urang Sunda] Pamajikan Leungit... Kade kang De... Kinkin Mirajul

