Comment-na ieu mah...ha ha ha ha ha ha ha
Deny Suwarja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kuring ari keur rineh mah, sok ngahajakeun make motor. Ngan eta oge tara mindeng, maklum kuring mah mun naek motor jarak jauh sok araringgis. Sakalina indit oge kuring mah, sagala dipake. Helm buni naker, rompi anti angin, syal, jaket pokona mah lengkep weh...Dina hiji poe, pamajikan hayang ngajaran milu kana motor niat rek nyokot gajih ka BPD.Tengah poe, ereng-erengan, jaba make helm. Teu wudu akhirna mah, jadi rada ngebut naek motor teh. Teu kacaritakeun di jalanna. Srog weh, nepi ka BPD.Nungguan pamajikan sakeudeung, nyokot gaji ka teller. Teu lila, da geus rada kosong bank teh kabeurangnakeun mah. Pamajikan geus lol, deui. "Hayu, yah..." cenah.Rap, helm, jaket jeung sapurantina kukuring di pake deui. Belesur weh, motor teh maju deui.Kaca helm ku kuring di buka, ngarah bisa ngobrol jeung pamajikan. Sapanjang jalan kuring baceo, ngajak ngobrol ka pamajikan....Jalan Ahmad Yani, Cimanuk, Jalan Bank kapapay. Niat mah neangan tambal ban, da ban tukang rada kempes. Salila mapay-mapay jalan, kuring ngobrol jeung pamajikan. Jalma anu rajeg di sisi jalan, meni siga nu sirik ningal kaakraban kuring naek motor jeung pamajikan ngobrol dina motor teh. Pating parelong ka kuring, tapi lila-lila kuring rade era ge. Jadi aneh...naha bet marelong wae!Nya, palebah tutugan Maktal kuring eureun. Terus nyarita, "Turun heula bu, urang kompa banna...!"Na atuh gebeg, hate ngagebeg. Jantung ratug teu pupuguh. Pangacian kabur.Beungeut sigana sepa... (untung kuring mah teu ningali!).Pamajikan kuring euweuh, leungit!Pantesan, rea jalma anu ningalikeun basa kuring ngomong dina motor teh. Sihoreng meureun araneh, ningali jalma rada owah, ngomong sorangan. Tapi naek motor....!Beu, cilaka. Boa-boa pamajikan kuring teh tibeubeut! Teu dililakeun, beleseur. Kuring balik deui ka jalan Bank. Na atuh...!Di hareupeun tempat parkir, katingali tah si Yayang teh keur bingung nungguan kuring."Ti mana Yah, naha ninggalkeun?"Kuring gengsi ari ngaku salah mah, "Pan ngompa ban heula!" Teu bebeja kamanehna mah yen, kuring nyangka manehna geus naek padahal acan!Sanggeus, rada jauh jeung ku kuring kakarak dicaritakeun kajadian sabenerna!Key....atuh manehna ngahkey seuri.....kuring ge seuri ngahkey...jeung era ketang!Deny Garut
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

