Yehhh ...ieu teh kumaha, cenah bade nanjeurkeun ka Sundaan...!!!, tos terang panipuan atah-atah..... maenya lunas ku imut silenjang mah.....???.
Tapi ketang biasana oge kitu ..... ambek-ambekan ditempat balanja, pas balitungan, kasirna herang, sok.....................................jadi leuleus kaambek teh.....heuheuheu..
Tah eta bungkreung teh upami didaerah abdi mah namina cecere, da ari impun mah ayana dilaut atanapi diwalungan, ayana oge usum-usuman. 
 
Pihatur
SSW
 
Hendri Mulyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kulantaran jalan-jalan ka bandung teh salah sabenerna rek nulis artikel ngeunaan kadaharan sunda, nya oleh-olehna ge wayahna we ukur tulisan.
Aya hiji warung sunda nu rada kasohor di jakarta mah nyaeta warung Ma Uneh.
Bahula na mah asal muasalna teh muka di pajajaran rada nyingcet ka gang. ayeuna Ma Uneh buka oge di setia budi, maju saised ti pertiluan geger kalong.
Ari kadaharan na mah kawilang rupa-rupa. nu tina bahan lauk, boh beuleum,boh pais atawa goreng. Laukna teh aya emas, gurame, Jambal, peda beureum, jrrd. Tina bahan hayam jeung daging oge rea. Teu kalangkung peuteuy, sambel tarasi, sambel hejo, pais  oncom, pais tahu, pais supa, karedok jeung sarupaning lalab rumbah sayagi na daptar menu.
nu rada aheng teh aya pais brutu. rada aneh disebut brutu (jawa) da urang mah biasana nyebutna tunggir (?). Kulantaran tina ngaran ge geus teu nyunda,nya teu jadi dipesen. Nu aneh deui teh nyaeta goreng bungkreung (lauk laleutik sagede tungtung nyere nu beuteungna babaluncir). Dina daptar menu ditulisna goreng impun. Sabenerna aya oge karedok leunca, tapi ceunah seep
(atawa gaya wungkul mejeng na daptar ?).
Ari inumanana basajan wae aya sarupaning jus buah, es kalapa biasa jeung kalapa kopyor. Nu rada langka teh jigana es duren.
Kuring sabalad-balad mesen goreng bungkreung saporsi, pais oncom nu di daptar menu dijudulan ulukutek, pais tahu, pais supa, lalab, beuleum gurame,beuleum peuteuy jeung karedok. inumanana nya es kopyor jeung es duren.
mimiti nyiuk sangu teh langsung gep we kana beuleum peuteuy. jigana peuteuy pare da laleutik. rasana mah amis tur masih seger. hanjakal teh dibeuleumna rada tutung teuing. atuh mesek peuteuy teh bari pakepuk jeung areng.
Kop kana pais peda, ari rasa mah kawilang ngepas, asinna teu nepika pangset. hanjakal teh bet rada garing, jadi teu cibrek. atuh nyolek peda teh kudu rada make tanaga.
Jol beuleum gurame datang, make bungbu kecap ditambah
sambel hejo dipisahkeun. dicoel palebah pundukna, am dihuapkeun. Kaambeu bau jahe ngagerean irung. jigana ngajaheanana rea teuing, meureun ngarah teu hanyir. tapi tetep we asa ngaruksak kana rasa. Nu matak reuwas, tetela samemeh dibeuleum, eta gurame teh digoreng heula. jigana maksudna ngarah meuleumna tereh asak. Orokaya jadi leungit sari lauk beuleumna, janggelek we
goreng gurame. Ari ceuk batur kuring teh, ieu mah geus kawilang panipuan euy!.
Nu piheraneun barang gap kana karedok, asa rada patukeur jeung kolek, amis kacida. Ah sugan kareaan ngagulaanana. Keun we da ongkoh keur rada lapar.
Tapi geus mimiti teu sugema dahar teh. kagok asong, kabeh dijajal.
Kop kana pais omcom nu dingaranan ulukutek tea (duka salah mikeun), amis kacida, kop kana pais tahu nya kitu keneh. Nista maja utama, gep kana pais supa, euleuh geuning pon pilalagih.
Bari mayar teh gegerendeng, naha dahareun sunda bet rea teuing gulana ?. ti mimiti teh sabenerna geus rada curiga, naha warung sunda, tapi nu jualan marake batik jogja. Pok nanya ka palayan, ari Ma Uneh urang mana ?,  teu meunang jawaban, iwal ti mut nu matak ngirut. Ilang kakeuheul ilang kuciwa da si eneng nu jagana jangkung lenjang tur geulis kacida.
Cag...



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke