Kang Hendry Lebaran dihaturanan ka Panawangan , Menu nu diserat tur rasana teu nyunda tea..bakal pas rasanya geura di tempat abi mah, abi mah tos aya Jadwal sareng Kang Akos, Lebaran teh bade ngala lauk emas di balong teras  langsung dibeuleum plus beuleum peuteuy, teras metik kalapa ngora kanggo eueutna ...aduh...kacipta.
Eta Kang Hendry...gaduh no. talipung si nenk penjagana heunteu, urang complaint ti dieu ku abi, hehehhehe.....

Nia Sri Winiarsih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Hendry ngekeak abdi euy mani asa ray rey..huehuehue, kaci kitu nya paniatan teh?.... ah aing mah......

Asa hayang geugeura jumaah, rek mulang ka lembur....rek ngabedahkeun balong, kana saaat ,ret mais impun, rek ka kebon..neangan leunca, jeung daun sampeu, ...... peda rek meser ti talaga..hag siah...hueheuheeuh carita na teh abdi teh poe ieu keur puasa.....tapi gara2 kang hendry jadi teu kararonsen kieu....

Nia

-----Original Message-----
From: Hendri Mulyana [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: September 06, 2004 12:48 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Ma Uneh


Kulantaran jalan-jalan ka bandung teh salah sabenerna rek nulis artikel
ngeunaan kadaharan sunda, nya oleh-olehna ge wayahna we ukur tulisan.

Aya hiji warung sunda nu rada kasohor di jakarta mah nyaeta warung Ma Uneh.
Bahula na mah asal muasalna teh muka di pajajaran rada nyingcet ka gang.
ayeuna Ma Uneh buka oge di setia budi, maju saised ti pertiluan geger
kalong.

Ari kadaharan na mah kawilang rupa-rupa. nu tina bahan lauk, boh beuleum,
boh pais atawa goreng. Laukna teh aya emas, gurame, Jambal, peda beureum,
jrrd. Tina bahan hayam jeung daging oge rea. Teu kalangkung peuteuy, sambel
tarasi, sambel hejo, pais  oncom, pais tahu, pais supa, karedok jeung
sarupaning lalab rumbah sayagi na daptar menu.

nu rada aheng teh aya pais brutu. rada aneh disebut brutu (jawa) da urang
mah biasana nyebutna tunggir (?). Kulantaran tina ngaran ge geus teu nyunda,
nya teu jadi dipesen. Nu aneh deui teh nyaeta goreng bungkreung (lauk
laleutik sagede tungtung nyere nu beuteungna babaluncir). Dina daptar menu
ditulisna goreng impun. Sabenerna aya oge karedok leunca, tapi ceunah seep
(atawa gaya wungkul mejeng na daptar ?).

Ari inumanana basajan wae aya sarupaning jus buah, es kalapa biasa jeung
kalapa kopyor. Nu rada langka teh jigana es duren.

Kuring sabalad-balad mesen goreng bungkreung saporsi, pais oncom nu di
daptar menu dijudulan ulukutek, pais tahu, pais supa, lalab, beuleum gurame,
beuleum peuteuy jeung karedok. inumanana nya es kopyor jeung es duren.

mimiti nyiuk sangu teh langsung gep we kana beuleum peuteuy. jigana peuteuy
pare da laleutik. rasana mah amis tur masih seger. hanjakal teh dibeuleumna
rada tutung teuing. atuh mesek peuteuy teh bari pakepuk jeung areng.

Kop kana pais peda, ari rasa mah kawilang ngepas, asinna teu nepika pangset.
hanjakal teh bet rada garing, jadi teu cibrek. atuh nyolek peda teh kudu
rada make tanaga. Jol beuleum gurame datang, make bungbu kecap ditambah
sambel hejo dipisahkeun. dicoel palebah pundukna, am dihuapkeun. Kaambeu bau
jahe ngagerean irung. jigana ngajaheanana rea teuing, meureun ngarah teu
hanyir. tapi tetep we asa ngaruksak kana rasa. Nu matak reuwas, tetela
samemeh dibeuleum, eta gurame teh digoreng heula. jigana maksudna ngarah
meuleumna tereh asak. Orokaya jadi leungit sari lauk beuleumna, janggelek we
goreng gurame. Ari ceuk batur kuring teh, ieu mah geus kawilang panipuan
euy!.

Nu piheraneun barang gap kana karedok, asa rada patukeur jeung kolek, amis
kacida. Ah sugan kareaan ngagulaanana. Keun we da ongkoh keur rada lapar.
Tapi geus mimiti teu sugema dahar teh. kagok asong, kabeh dijajal. Kop kana
pais omcom nu dingaranan ulukutek tea (duka salah mikeun), amis kacida, kop
kana pais tahu nya kitu keneh. Nista maja utama, gep kana pais supa, euleuh
geuning pon pilalagih.

Bari mayar teh gegerendeng, naha dahareun sunda bet rea teuing gulana ?. ti
mimiti teh sabenerna geus rada curiga, naha warung sunda, tapi nu jualan
marake batik jogja. Pok nanya ka palayan, ari Ma Uneh urang mana ?,  teu
meunang jawaban, iwal ti mut nu matak ngirut. Ilang kakeuheul ilang kuciwa
da si eneng nu jagana jangkung lenjang tur geulis kacida.

Cag...






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke