|
kutan caringin tilu teh masih rame
nya..??
kapungkur we abdi mah pami gerak jalan sareng pun
bapa sok ka caringin tilu,
resep ningalan kota bandung ti luhur, tapi
kapungkur naha abdi tara ningalan nu aricalan siga kitu nya,
aya teh nu aricalan biasa we sabangsaning kainuman
biasa....
Panzi
*Nineung ka caringin tilu...
----- Original Message -----
Sent: Monday, September 06, 2004 2:41
PM
Subject: [Urang Sunda] RE: [gankleboy]
bubur Mang Ajo
Wilujeng siang Kang Hendri..jeung baraya anu
sanesna..
Eta lalakon kang hendri nyukcruk katuangan urang sunda di
bandung matak pikawatireun.. sigana mah ti kantorna keneh kang hendri teh
geus alewoh ka sohib sohibna yen di bandung bakal mendakan katuangan anu ku
kang hendri pernah ka alaman jaman sakola baheula di bandung tapi geuning
kanyataannana mah geus teu mendakan nya ... tapi lamun kang Hendri ti
anggalna ngawawarkeun mah yen kang Hendri bade ka Bandung, bade nyukcruk
katuangan urang sunda, ku sikuring meureun di anteur ka hiji tempat, ari
tempatna mah rada tebih ti pusat kota, namung hawana matak ngabetahkeun anu
keur mulangkeun panineungan, oge ti eta tempat urang tiasa ningali kaendahan
alam bandung di waktu peuting..tempatna mah 6 km ti saung angklung mang Udjo,
jadi upami bade ka tempat eta, sateuacana kang Hendri saparakanca tiasa ka
saung angklung mang Udjo.. saatos ti mang Udjo, ulah waka mulih ka
bandungkeun, tapi teras ka tonggohkeun ka Caringin tilu nami kampungna, di
Caringin tilu mah sagala katuangan sunda masih aya, ti pais peda, sangu
beureum , sambel goang atanapi sambel tarasi, oge leueutna aya bandrek,
bajigur... ah.. pokona mah sarupaning katuangan sunda baheula anu ayeuna hese
di pilarian di sabudeureun bandung, di caringin tilu mah aya,, langkung raos
upami urang angkat ka caringin tiluna sabada Isya, da warung warung di
caringin tilu mah mukana ti malem minggu (bada Magrib) dugi ka minggon
siang...komo lamun ka caringin tiluna nyandak pi mamaheun Nail mah .. bakal
hese mopohokeunana... sok atuh iraha bade ka bandung na
deui....
baktos tatan
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|