atuh caket rorompokna teh Yani anu Yahoo ID -na meni "maut" pisaannn ... already die, kitu?!
Neng Yani, kumaha pami simkuring ka Bandung diajak kadinya ?! kantun meuntas panginten ti rorompok salira mah ... hihihi
salam piissss ka neng Yani,
Amie thea
Endang Tatan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Endang Tatan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wilujeng siang Kang Hendri..jeung baraya anu sanesna..
Eta lalakon kang hendri nyukcruk katuangan urang sunda di bandung matak pikawatireun..
sigana mah ti kantorna keneh kang hendri teh geus alewoh ka sohib sohibna yen di bandung bakal mendakan katuangan anu ku kang hendri pernah ka alaman jaman sakola baheula di bandung
tapi geuning kanyataannana mah geus teu mendakan nya ...
tapi lamun kang Hendri ti anggalna ngawawarkeun mah yen kang Hendri bade ka Bandung, bade nyukcruk katuangan urang sunda, ku sikuring meureun di anteur ka hiji tempat, ari tempatna mah rada tebih ti pusat kota, namung hawana matak ngabetahkeun anu keur mulangkeun panineungan, oge ti eta tempat urang tiasa ningali kaendahan alam bandung di waktu peuting..tempatna mah 6 km ti saung angklung mang Udjo, jadi upami bade ka tempat eta, sateuacana kang Hendri saparakanca tiasa ka saung angklung mang Udjo.. saatos ti mang Udjo, ulah waka mulih ka bandungkeun, tapi teras ka tonggohkeun ka Caringin tilu nami kampungna, di Caringin tilu mah sagala katuangan sunda masih aya, ti pais peda, sangu beureum , sambel goang atanapi sambel tarasi, oge leueutna aya bandrek, bajigur... ah.. pokona mah sarupaning katuangan sunda baheula anu ayeuna hese di pilarian di sabudeureun bandung, di caringin tilu mah aya,, langkung raos upami urang angkat ka caringin tiluna sabada Isya, da warung warung di caringin tilu mah mukana ti malem minggu (bada Magrib) dugi ka minggon siang...komo lamun ka caringin tiluna nyandak pi mamaheun Nail mah .. bakal hese mopohokeunana...
sok atuh iraha bade ka bandung na deui....
baktos
tatan
-----Original Message-----
From: Hendri Mulyana [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, September 06, 2004 2:15 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Cc: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [gankleboy] bubur Mang Ajo
Hiji deui tempat jajan nu matak mentegeg kana hate teh nyaeta bubur mang
ajo. kieu dongengna :
Baheula keur sakola, sok diajak babaturan jajan di bubur mang ajo. ari jajan
teh rereana mun poe pere, saptu atawa minggu. samemeh memantau kendahan
mojang bandung di gasibu, sok nyimpang heula ka dinya, lumayan pikeun
nambahan tanaga keur kukulibekan di juru gasibu. Nu matak beda, di Mang Ajo
mah bubur teh kentel kacida. Dipasakna make cipati jadi karasa gurih.
Istilahna teh bubur lempah. Ari deungeuna mah biasa wae, kurupuk, kacang,
emping, hayam, ati, cakweh jeung rupa-rupa bungbu.
harita mah mun sup ka saungna teh sok langsung disambut ku Mang Ajo
kuanjeun, "wilujeng enjing, mangga linggih". Karek ge gek, sor ci enteh
panas sagelas. terus ditanya, "bade setelan nu kumaha, hiji-hiji, satengah
hiji atanapi hiji satengah ?". Keur nu tara jajan di dinya mah matak rungah
ringeuh. ari nu dimaksud teh nyaeta kieu, di mang ajo mah antara bubur jeung
deungeuna teh dibedakeun. Mun judulna hiji-hiji hartina buburna hiji,
deungeuna hiji. Mun satengah hiji hartina buburna satengah, deungeuna hiji.
Kitu deui mun satengah-satengah hartina buburna satengah deungeuna satengah.
Sanggeus pesenan ditarima, Mang Ajo sok ngagorowok ka pagawena, "biasa, aden
ieu mah satengah hiji, peujit reungit...". Hartina teh ancin daharna kurang
rewog. Waktu pesenan rengse diramu, sor deungeuna dipiringan misah-misah.
Ari buburna sok diputer-puter bulak balik kawas urang minang nari piring.
Bari teu kendat nyarita, "tuh bubur Mang Ajo mah dibulak bali ge teu nahe
ieuh da kacida kentelna".
Ngadahar bubur teh di mang Ajo mah teu kendat ku seuri, sahenteuna ge imut
kusabab anjeuna tara petot ngadongeng sagala rupa boh kajadian saharita boh
carita banyol khas sunda. Geus puguh ari rasa mah, asana can manggih rasa
bubur nu jiga kitu ditempat sejen. Salian ti rasa buburna anu gurih, ceuk
cenah dongeng anjeuna, dijieunna teh make cipati ditambah ku cikalsu hayam
kampung. Katambah deui deungeuna anu dipisah tea tur kaci nambah kumaha
kakuatan peujit urang.
Basa kamari, geus dongeng sataker kebek ka balad kumaha punjulna bubur Mang
Ajo, ari pek teh manggih kaayaan jiga kieu :
Ramena mah rame keneh eta tempat teh. malah mah leuwih rame batan baheula.
nu balanja rata-rata mibolna pelat B, pasti urang jakarta. Sup asup ka
warung tenda, culang cileung neangan tempat da pinuh. Teu aya hiji-hiji acan
nu ngabageakeun. Pagawe keur riweuh sarerea. Cicing sawatara lila teu aya
oge nu nyampeurkeun. Barang diilikan, tetela batur mah mesen na teh ka
kasir. Geus teu aya istilah satengah hiji teh. Nu aya mah bubur jeng
deungeuna. Hayang campur atawa husus hayam, husus ati atawa husu endog.
Nungguan pesenan teh rada lila. barang jol, tetela nu hiji mah teu make
hayam, ceunah hayamna seep (na teu dibejaan ti anggalna ?). Barang ditanya
,"minumnya apa ?" (make basa indonesia), barang nyebut Teh Panas teh teu
aya, nu aya Teh nu dibotolan tea. Nya keun bae da amis-amis ge beuki keneh,
ngan eta we asa leungiteun ku ci teh panasna nu seungit beda ti batur.
Am bubur dihuapkeun, enyaan asa bubur. Sok sanajan masih keneh aya tapak
khas bubur lempahna, ngan geus asa rada ngajauhan. Nu paling leungiteun mah
ku pangbageana, "haturan, mangga calik". Na kamana ari Mang Ajo ?,
wallahualam, boa tos pangsiun boa tos pupus, hanjakal kamari teu kungsi
panca kaki da eta pelayan teh saribuk pisan.
cag
#. Kanu resep ngawadul, heureuy silih gonjakan, mangga kintunkeun wae serelek ( e-mail ) kosong ka:
[EMAIL PROTECTED]
#. Anu teu betah ngawadul tur gampang ambek, sensi & kasigeungan mangga wae kintun ( Serelek )e-mail kosong ka:
[EMAIL PROTECTED]
*Ngawadul, beuki heureuy, silih sep�t silih ledek teu gampang ambek teu gampang kasigeungan, resep manjangkeun tali silaturahim, hayang babarayaan jeung kabeh urang Sunda di sa alam Dunya oge silih babgi wawar anu hade, bisa ningkatkeun panghasilan jang kahirupan Mangga kasadayana dihaturan ngempeul di GankLeboy*
Yahoo! Groups Links
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

