Kango kang Akos wilujeng atuh ari kitumah tiasa patepang deui sareung pun rama di kampung, raos nya ari masih kakagungan keneh mah.
Sok atu pidoa na wae atu ti akang Yusuf -----Original Message----- From: akos kosasih [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Sunday, September 05, 2004 9:46 PM To: [EMAIL PROTECTED] Subject: Re: [Urang Sunda] Cirikip -mang Jojo & mang Oman Assalamu'alaikum... Wilujeung wayah kieu ka sadaya baraya lembur KUSNET dimana bae. Alhamdulillah... hatur nuhun pisan kuring parantos diaku alo ku Mang Jojo teh. Da pami dipaluruh, urang pituin desa Cinyasag sadayana mah masih keneh sakaruhun eta teh, Mang. Insyallah mang Jo, urang teh masih keneh aya duduluran. Anu penting ayeuna mah Mang, urang sami-sami tiasa ngarakeutkeun tali silaturhami anu parantos pareumeun obor. Perkawis iraha-iraha na nganjang ka Ciomas mah, teu langkung kumaha Mang Jo bae iraha aya didituna, da kuring mah sering mulang ka Cinyasag teh Mang. Insyaallah minggon payun 18-Sept oge, kuring sakulawargi parantos gaduh rencana hoyong ningali pun bapa di Cinyasag. Nanging langkung sae upami silaturahmi ka Ciomas na mah, engke bae waktos boboran nya Mang? Sakantenan kuring oge dina boboran teh hoyong silaturahmi ka Mang Oman di Kawali. Engke kuring dudut oge kang Dhanny, sina silaturahmi ka Kawali sareng ka Panjalu. Dupi boboran ayeuna, Mang Jojo sareng Mang Oman engke teh aya di lembur kitu? Ngeunaan sajarah Panji Siliwangi, kuring kantos oge sababaraha kali ningal kaditu ka Dusun Cirikip-Desa Cinyasag. Didinya teh ngadeg museum bundeur alit caket tilas tangkal kalapa anu mangsa long march Divisi Siliwangi dijadikeun tempat munikeun Panji Siliwangi. Ti cariosan almarhum pun Aki mah, sateuacana dimunikeun di tangkal kalapa di Dusun Cirikip, eta Panji teh disimpeun heula di rorompok di Dusun Puhun-Cinyasag. Harita mah almarhum pun Aki teh masih keneh janten kuwu di Cinyasag. Pak Umar oge harita kantos saminggon mondok di rorompok. Saur almarhum pun Aki oge (duka leres henteu na mah) upami eta Panji Siliwangi kacandak ku tangtara Walanda harita, Divisi Siliwangi kedah mikeun sanjata minangka lambang masrahkeun diri ka tangtara walanda. Numawi eta Panji teh kedah dimunikeun di tangkal kalapa supados henteu gampil kapanggih ku tangtara walanda. Tah mung sakitu wungkul cariosan sakateurang kuring mah ngeunaan sajarah anu aya patula patalina jeung monumen Cirikip teh. Margi kuring mah bali geusan ngajadi oge di batawi dugikeun ka ayeuna, janten kana perkawis sajarah lembur sorangan oge, kuring mah teu patos terangeun. Salangkungna, mangga bae ka sadaya baraya anu langkung terang ngeunaan cariosan lalampahan sepuh urang keur mangsana tebih-tebih mapay jalan, mipir gawir, meuntas sawah katalangsara mios long-march ka wetan mulih deui ka lembur ngabelaan kanu jadi nagara teh. Insyaalloh cariosan ieu tiasa nambihan motivasi keur nonoman Sunda, sepertos kuring pribados, sangkan langkung sumanget kalawan ikhlas ngabelaan ieu nagara. Mangga lajeungkeun... Wassalam, AKOS --- Mang Jojo <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ke ke ke...... geuning oleteh ti Panawangan. Boa-boa > > sabondoroyot urang teh. Pun Nini ti jihat pun bapa > kawitna > teh ti Cinyasag Panawangan, dupi Pun Aki ti Ciomas > Panjalu . Mung pareumeun obor emang teh. > > Upami ka ti Panawangan ka Panjalukeun ngalangkung > lembur > kang Oman (Lumbung Kawali) teras majeng keneh > kakulonkeun > 4 km deui, di hiji pengkolan aya rorompok awon 3 km > sateuacana Panjalu payuneun makam ageung geledegan > Ciomas. > Namung emang ayeuna di Bandung. Alamat lengkep > tiasa > diaos dina dbase Kusnet. Bade iraha atuh nganjang ? > > > Kampung Cirikip Cinyasag Panawangan gaduh carios > sajarah > ngeunaan panji Siliwangi. Salasawios titimangsa > (pangemut-emut) eta sajarah, nyaeta dimuseum Satria > Mandala Jl.Lembong Bandung aya tangkal kalapa ki > Sanahwi > anu gaduh lalakon sual panji siliwangi tea. > > Cobi guar atuh ku alo sareng kang manAR (kang Oman). > > Hatur nuhun. binarung salam ka sadaya wargi Kusnet. > MangJojo > __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers! http://promotions.yahoo.com/new_mail Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

