Muhun lah Kang Akos ari kitu mah ke Lebaran teh panginten kedah ider-ideran da sihoreng baraya KUSNET nu ti Ciamis teh gede seueur nya, mun kitu mah ke Lebaran teh moal sarapan di bumi ah...rek ngider bae Sarapan di Cinyasag, makan siang di Lumbung, makan malam di Panjalu, wah...kabayang waregna...
akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum...
Wilujeung wayah kieu ka sadaya baraya lembur KUSNET
dimana bae.
Alhamdulillah... hatur nuhun pisan kuring parantos
diaku alo ku Mang Jojo teh. Da pami dipaluruh, urang
pituin desa Cinyasag sadayana mah masih keneh
sakaruhun eta teh, Mang. Insyallah mang Jo, urang teh
masih keneh aya duduluran. Anu penting ayeuna mah
Mang, urang sami-sami tiasa ngarakeutkeun tali
silaturhami anu parantos pareumeun obor.
Perkawis iraha-iraha na nganjang ka Ciomas mah, teu
langkung kumaha Mang Jo bae iraha aya didituna, da
kuring mah sering mulang ka Cinyasag teh Mang.
Insyaallah minggon payun 18-Sept oge, kuring
sakulawargi parantos gaduh rencana hoyong ningali pun
bapa di Cinyasag. Nanging langkung sae upami
silaturahmi ka Ciomas na mah, engke bae waktos boboran
nya Mang? Sakantenan kuring oge dina boboran teh
hoyong silaturahmi ka Mang Oman di Kawali. Engke
kuring dudut oge kang Dhanny, sina silaturahmi ka
Kawali sareng ka Panjalu. Dupi boboran ayeuna, Mang
Jojo sareng Mang Oman engke teh aya di lembur kitu?

Ngeunaan sajarah Panji Siliwangi, kuring kantos oge
sababaraha kali ningal kaditu ka Dusun Cirikip-Desa
Cinyasag. Didinya teh ngadeg museum bundeur alit caket
tilas tangkal kalapa  anu mangsa long march Divisi
Siliwangi dijadikeun tempat munikeun Panji Siliwangi.
Ti cariosan almarhum pun Aki mah, sateuacana
dimunikeun di tangkal kalapa di Dusun Cirikip, eta
Panji teh disimpeun heula di rorompok di Dusun
Puhun-Cinyasag. Harita mah almarhum pun Aki teh masih
keneh janten kuwu di Cinyasag. Pak Umar oge harita
kantos saminggon mondok di rorompok. Saur almarhum pun
Aki oge (duka leres henteu na mah) upami eta Panji
Siliwangi kacandak ku tangtara Walanda harita, Divisi
Siliwangi kedah mikeun sanjata minangka lambang
masrahkeun diri ka tangtara walanda. Numawi eta Panji
teh kedah dimunikeun di tangkal kalapa supados henteu
gampil kapanggih ku tangtara walanda.
Tah mung sakitu wungkul cariosan sakateurang kuring
mah  ngeunaan sajarah anu aya patula patalina jeung
monumen Cirikip teh. Margi kuring mah bali geusan
ngajadi oge di batawi dugikeun ka ayeuna, janten kana
perkawis sajarah lembur sorangan oge, kuring mah teu
patos terangeun.
Salangkungna, mangga bae ka sadaya baraya anu langkung
terang ngeunaan cariosan lalampahan sepuh urang keur
mangsana tebih-tebih mapay jalan, mipir gawir, meuntas
sawah katalangsara mios long-march ka wetan mulih deui
ka lembur ngabelaan kanu jadi nagara teh. Insyaalloh
cariosan ieu tiasa nambihan motivasi keur nonoman
Sunda, sepertos kuring pribados, sangkan langkung
sumanget kalawan ikhlas ngabelaan ieu nagara.
Mangga lajeungkeun...

Wassalam,
AKOS

--- Mang Jojo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Ke ke ke...... geuning oleteh ti Panawangan. Boa-boa
>
> sabondoroyot urang teh. Pun Nini ti jihat pun bapa
> kawitna
> teh ti Cinyasag Panawangan, dupi  Pun Aki ti Ciomas
> Panjalu . Mung pareumeun obor emang teh.
>
> Upami ka ti Panawangan ka Panjalukeun ngalangkung
> lembur
> kang Oman (Lumbung Kawali) teras majeng keneh
> kakulonkeun
> 4 km deui, di hiji pengkolan aya rorompok awon 3 km
> sateuacana Panjalu payuneun makam ageung geledegan
> Ciomas.
>  Namung emang ayeuna di Bandung. Alamat lengkep
> tiasa
> diaos dina dbase Kusnet. Bade iraha atuh nganjang ?
>
>
> Kampung Cirikip Cinyasag Panawangan gaduh carios
> sajarah
>  ngeunaan panji Siliwangi. Salasawios titimangsa
> (pangemut-emut) eta sajarah, nyaeta dimuseum Satria
> Mandala  Jl.Lembong Bandung aya tangkal kalapa ki
> Sanahwi
> anu gaduh lalakon sual panji siliwangi tea.
>
> Cobi guar atuh ku alo sareng kang manAR (kang Oman).
>
> Hatur nuhun. binarung salam ka sadaya wargi Kusnet.
> MangJojo
>



           
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
http://promotions.yahoo.com/new_mail


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke