|
baheula asana teh sapuluh tahun katukang kungsi
bubuara ka malaysia ........... aya pangalaman anu lamun di inget-inget bet asa
nyeri hate kareureuhnakeun.
harita teh gawe di tukang nasi lemak, kuring
kabagean tukang ngaladangan, sok salah kecap lamun nu meuli nanyakeun harga
kadaharanna kuring sok kapohoan ngajawab make tungtung rebuan, atuh
reuwaseun maranehna teh na bet aya kadaharan sapiring sarua jeung
sabulaneun gajih maraneh na,
eta mah pikaserieunna tapi pikeuheuleunna langsung
maraneh na teh muncereng bari nyarita "awak endon"
.............?????
tah lamun poe minggu, mindeng paamprok jeung urang
indonesia anu keur dibeberik di pariksa IC atawa permit
oge teu saeutik anu ka tipu ku pulisi gadungan anu
tungtungna diperes dipenta duit.
ari ayeuna kumaha ? jigana sarua bae nya ... eta
teh kunaon ..."moal mungkin lamun pamarentah teu nyaaheun ka rahayatna mah"
meuereun! ngan tug nepi ka kiwari bangsa urang anu ngadon bubuara kaditu nasibna
ngan diusir jeung diusir, di sebat/dicambuk jeung di cambuk ...............ari
pamarentah karunyaeun ? (teu mungkin ari teu nyaaheun).
ah sok kaleuwihan <buktina> loba anu betah
tumaninah
bisa bistel kalemburna ........... lain, lain kitu
maksud kuring mah teu suudzon ngan beda antara anu ngalalajoan jeung anu
nandangan .......... tah sanajan henteu ngalaman, atuh da teu mungkin para
juragan nepi ka amprung-amprungan mah .... tapi coba saeutik boga rasa
empati atuh jajajuheun jiga ratu macapagal aroyyo mah nyambut rahayat anu
katunggara di pangumbaraan teh dugi ka lungsur ninggalkeun
istana.........
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- Re: [Urang Sunda] di malaysia ahmad badri
- Re: [Urang Sunda] di malaysia Deny Suwarja
- Re: [Urang Sunda] di malaysia Budhi Setiawan
- Re: [Urang Sunda] di malaysia Tatang Sariman

