Assalamualaikum kasadaya wargi-wargi di mana wae ayana danget ieu, Wilujeng enjing sareng wilujeng tepang.
Maos pangalaman bubuara di msia tadi, mungkin leres kitu ayana; mung anu karaos ku pak tams salami 4 tahun bade ka 5 tahun danget ieu, raraosan mah benten pisan. Pangalaman anu tadi teh kaleresan ka buruh-buruh anu teu piun ku bidangna, tiasa dikayah keuyeuh, margi teu gaduh "posisi tawar". Eta teh sumpingna ka negeri jiran teh tiawal keneh tos aya "kolusi" antawis calo-calo bangsa urang sapertos anu di Medan sareng anu di Msia oge bangsa urang anu tos kagungan IC beureum alias warga msia nu asalna pendatang.Kolusi deui sareng tekong-tekong, anu memang milarian buruh-buruh asing anu teu aya serat-serat (dokumen) supaya dibayar murah teu nganggo kontrak kerja.Malah anu aya dokumen oge disakompet daunkeun upami buruh-buruhna teu piun tadi. Dokumen aranjeuna dikumpulkeun ku dununganana. Teu dipilire waktosna, jadi tiasa dugi luput waktosna/kadaluarsa/seep izin ngadamelna. Kadang-kadang dunungan anu jahat mah terus wae dilaporkeun ka imigrasi atanapi ka polis tempatan.
Atuh terus wae ditarangkepan, malah aya nau diboroan jigah ngaboro sato. Cara-cara sepertos kitu teh nguntungkeun para dunungan sabab bebas tanggung jawab mayar gaji buruh-buruh anu digolongken sebagai buruh liar teu aya izin. Tah eta teh teu diberantas ku para pemimpin urang anu di Indonesia sareng di msia. Sabab sarua teu propesionalna, haripeut ku duit saeutik bari teu mikir kahareupna bangsa jadi saperti dihina kitu
Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
oooooooooooooo ........... buleud ... :))eta paribasa enggal nya kang .. kapungkur mah hana caraka data sawala, anakna cilaka bapana ka babawa ... ieu panginten hasil orde reformasi teh .... wallahualam,salam,budhi*konvoi tos ka kalerkeun----- Original Message -----From: Deny SuwarjaSent: Tuesday, September 07, 2004 9:15 PMSubject: Re: [Urang Sunda] di malaysiaKang Badri, di nagara urang mah pan aya paribasa Hana caraka data sawala, Rakyat celaka Bu Mega ketawa hahahahahah!
ahmad badri <[EMAIL PROTECTED]> wrote:baheula asana teh sapuluh tahun katukang kungsi bubuara ka malaysia ........... aya pangalaman anu lamun di inget-inget bet asa nyeri hate kareureuhnakeun.harita teh gawe di tukang nasi lemak, kuring kabagean tukang ngaladangan, sok salah kecap lamun nu meuli nanyakeun harga kadaharanna kuring sok kapohoan ngajawab make tungtung rebuan, atuh reuwaseun maranehna teh na bet aya kadaharan sapiring sarua jeung sabulaneun gajih maraneh na,eta mah pikaserieunna tapi pikeuheuleunna langsung maraneh na teh muncereng bari nyarita "awak endon".............?????tah lamun poe minggu, mindeng paamprok jeung urang indonesia anu keur dibeberik di pariksa IC atawa permitoge teu saeutik anu ka tipu ku pulisi gadungan anu tungtungna diperes dipenta duit.ari ayeuna kumaha ? jigana sarua bae nya ... eta teh kunaon ..."moal mungkin lamun pamarentah teu nyaaheun ka rahayatna mah" meuereun! ngan tug nepi ka kiwari bangsa urang anu ngadon bubuara kaditu nasibna ngan diusir jeung diusir, di sebat/dicambuk jeung di cambuk ...............ari pamarentah karunyaeun ? (teu mungkin ari teu nyaaheun).ah sok kaleuwihan <buktina> loba anu betah tumaninahbisa bistel kalemburna ........... lain, lain kitu maksud kuring mah teu suudzon ngan beda antara anu ngalalajoan jeung anu nandangan .......... tah sanajan henteu ngalaman, atuh da teu mungkin para juragan nepi ka amprung-amprungan mah .... tapi coba saeutik boga rasa empati atuh jajajuheun jiga ratu macapagal aroyyo mah nyambut rahayat anu katunggara di pangumbaraan teh dugi ka lungsur ninggalkeun istana.........
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

