Innalillaahi wainna ialihi rooji'uun... Mugi2 nu janten korban, nu teu tuah teu dosa, dihapunten sagala rupi kalepatanana, ditampi iman islamna. aamiin. Deudeuh temen bangsa urang, na saha atuh nya jalmana nu tega laku kitu? Nyangsarakeun rahayat sabangsa, mudah2an dibales ku hukuman nu satimpal.
Perkawis WNI di Ostrali bade diekstradisi, memang santer kawartoskeun kitu, kuring ngadenge pisan na anteve, sumberna mah duka. Kabayang we, mun enya teh, mangkaning jigana WNI nu di luar nagreg teh salasahijina panglobana di Ostrali. ceuk babaturan mah, meureun aya kana satengah jutana urang mah. Kuring ge, balad sagawe, sababaraha urang aya nu keur di ostrali, duka kumaha tah. Kang Judhi Rahmat kumaha tah wartosna? Bet asa pas, kamari2 teh pan Ostrali teh tas meuli rudal nu bisa nepi ka wewengkon urang. Tapi asa piraku nepi ka rek ngajak perang mah? Bingungna teh, ari pas nagara samodel USA nu katibanan musibah, rasa solidaritas & empati teh daratang ti mana2, persiden urang sorangan ge geuning salasahiji nu panghagetna ngalongok anu tunggara. Na ari pas nagara model urang nu jadi korban teror, bangsa deungeun2 teh pada geuwat2 nyaringkah... jk Waluya writes: Aya bom di Jakarta, aya rumor (isue) anu nerekab. Di kantor kuring di LIPI Bandung, aya beja pajarkeun teh kabeh urang Indonesia anu aya di Australia rek dideportasi. Nu nyararita kabeh oge nyebut sumberna jiga nu heueuh. Kuring mah rada ngahuleng, teu pati percaya, sabab lamun AUstralia wani ngusir urang Indonesia teu puguh-puguh, sarua we jeung ngajak gelut (alias ngajak perang). Teuing saha nu nyebarkeun isu eta teh, kacrina teh hayang pisan urang (indonesia) pasea jeung Australia. Atawa meureun maksud nu ngebom kitu? ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

