Kade ulah lepat, panginten terorisna teh anu sok ceuceuleuweungan ka seantero dunya anu ngangken pulisi dunya tea geuning!
Masih emut baraya, teu acan sasasih aya tatangga urang anu kasieunan ku urang majar nagara ancaman keur maranehna. Teras, aya presiden ti negeri adi kuasa anu mertelakeun bakal aya ancaman bom dina sasih september? Naha bet arapal nya? Komo tah si Downer, make jeung langsung mastikeun, saolah2 urang islam.
Naha teu apaleun manehna dina Islam mah tong boroning ngabom, maehan reungit wae pan denda teh kudu meuncit onta (cenah!)
 
Deny

Dhanny Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Teroris teh di urang oge sihoreng aya, Teroris mah memang bener teu boga Agama, teu boga suku bangsa , teu boga warga nagara, jeung teu boga hate....
Ya Allah hapunten sadaya kalelepatan sadaya korban , kanggo nu tilar dunya dina kaayaan Islam mugia ditampi Iman Islamna, Aminnn....
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Innalillaahi wainna ialihi rooji'uun...
Mugi2 nu janten korban, nu teu tuah teu dosa, dihapunten sagala rupi
kalepatanana, ditampi iman islamna. aamiin.
Deudeuh temen bangsa urang, na saha atuh nya jalmana nu tega laku kitu?
Nyangsarakeun rahayat sabangsa, mudah2an dibales ku hukuman nu satimpal.

Perkawis WNI di Ostrali bade diekstradisi, memang santer kawartoskeun kitu,
kuring ngadenge pisan na anteve, sumberna mah duka. Kabayang we, mun enya
teh, mangkaning jigana WNI nu di luar nagreg teh salasahijina panglobana di
Ostrali. ceuk babaturan mah, meureun aya kana satengah jutana urang mah.
Kuring ge, balad sagawe, sababaraha urang aya nu keur di ostrali, duka
kumaha tah. Kang Judhi Rahmat kumaha tah wartosna?
Bet asa pas, kamari2 teh pan Ostrali teh tas meuli rudal nu bisa nepi ka
wewengkon urang. Tapi asa piraku nepi ka rek ngajak perang mah?

Bingungna teh, ari pas nagara samodel USA nu katibanan musibah, rasa
solidaritas & empati teh daratang ti mana2, persiden urang sorangan ge
geuning salasahiji nu panghagetna ngalongok anu tunggara. Na ari pas nagara
model urang nu jadi korban teror, bangsa deungeun2 teh pada geuwat2
nyaringkah...

jk

Waluya writes:
Aya bom di Jakarta, aya rumor (isue) anu nerekab. Di kantor
kuring di LIPI Bandung, aya beja pajarkeun teh kabeh urang
Indonesia anu aya di Australia rek dideportasi. Nu nyararita
kabeh oge nyebut sumberna jiga nu heueuh. Kuring mah rada
ngahuleng, teu pati percaya, sabab lamun AUstralia wani ngusir
urang Indonesia teu puguh-puguh, sarua we jeung ngajak gelut
(alias ngajak perang). Teuing saha nu nyebarkeun isu eta teh,
kacrina teh hayang pisan urang (indonesia) pasea jeung Australia.
Atawa meureun maksud nu ngebom kitu?


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke