Kang Yaya, Anyong hasimnika ? mugia damang. perkawis keadilan sareng kasejahteraan numutkeun abdi mah relatip. Teu aya patokan anu pasti, kumargi diukurna tina kapuasan urang sewang-sewangan. Aya anu tos ngaraos puas ku kaayaan ayeuna, nagara teh tos adil keur anjeuna. Tapi seueur oge nu ngaraos kuciwa ku kaayaan nagara ayeuna.
ukuran adilna sareng sejahtera unggal jalmi pan benten. Conto alit we, abdi mah cekap gaduh sajuta sabulan keur kabutuh hirup teh, tapi keur Kang yaya mah sajuta teh, keur jajan wungkul panginten. Tapi, punten ieu mah pamendak abdi pribadi nu bodo. duka nu sanes. Mangga lejengkeun, -Na2ng- --- In [EMAIL PROTECTED], Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Baraya.... > > Kamari babasan "NYA HURANG NYA KEUYEUP", rengse diilio > jeung dititenan, ayeuna anu ka-2, ieu babasan: > > NGAJUL BULAN KU ASIWUNG > > Ieu paribasa atawa babasan teh hade dilarapkeun kana > salah sahiji hal anu pamohalan bisa laksana, hese > kacida. Sajajar jeung paribasa "ngajegkeun kapuk > baseuh", hese bisa dipigawe teuing boa-boa moal > mungkin. Enya tuda ku asiwung mah tong boroning ngajul > bulan dalah ngajul gedang ge hese, ari asiwung tea > hade pikeun mungkus mayit samemeh dibungkus boeh. > > Cik pamendak saderek sadaya naha nagara urang > Endonesia tercintah teh dina enggoning najeurkeun > kaadialan jeung kasajahteraan kaasup kana paribasa: > Ngajul Bulan ku Kuasiwung? > > Mangga sok geura alungkeun pamendakna. > > KangYa > Tungtung Seoul > > > > _______________________________ > Do you Yahoo!? > Declare Yourself - Register online to vote today! > http://vote.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

