Baraya....

Kamari babasan "NYA HURANG NYA KEUYEUP", rengse diilio
jeung dititenan, ayeuna anu ka-2, ieu babasan:

NGAJUL BULAN KU ASIWUNG

Ieu paribasa atawa babasan teh hade dilarapkeun kana
salah sahiji hal anu pamohalan bisa laksana, hese
kacida. Sajajar jeung paribasa "ngajegkeun kapuk
baseuh", hese bisa dipigawe teuing boa-boa moal
mungkin. Enya tuda ku asiwung mah tong boroning ngajul
bulan dalah ngajul gedang ge hese, ari asiwung tea
hade pikeun mungkus mayit samemeh dibungkus boeh.

Cik pamendak saderek sadaya naha nagara urang
Endonesia tercintah teh dina enggoning najeurkeun
kaadialan jeung kasajahteraan kaasup kana paribasa:
Ngajul Bulan ku Kuasiwung?

Mangga sok geura alungkeun pamendakna.

KangYa
Tungtung Seoul


                
_______________________________
Do you Yahoo!?
Declare Yourself - Register online to vote today!
http://vote.yahoo.com


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke