ngajul bulan/bentang ku asiwung. naha enya eta teh pamohalan? asana keur jaman kiwari mah, teu pamohalan. upamana wae, eta asiwung teh bisa jadi komoditi anu boga nilai jual hade. melak asiwung. nyieun pabrik tinun. ladangna bisa keur ngajul bulan/bentang. boa bisa keur ngajul mars oge bisa.
geuning harita kungsi aya beja. di urang nyieun pabrik 'papatong', terus ditukeuran ku batur jeung beas ketan. lamun beas ketan bisa bisa keur ngajul 'papatong' atuh asiwung ge bisa keur ngajul 'merecon'. hayang ngajul kaadilan jeung kasajahtraan, di nagri urang endonesa naha enya jiga 'ngajul bulan/bentang ku asiwung' kitu? asana teu pamohalan. salah sahiji jurusna, tanaga expert du araya di lembur deugeun kudu daraek mulang kasarakanana. geura nyarawah, geura ngarebon, geura marelak asiwung. terus geura nyarieun pabrik tinun. ngarah pabrik tinun di majalaya bisa keur ngajul bulan jeung bentang. wallahu a'lam. salam, mh --- Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Baraya.... > > Kamari babasan "NYA HURANG NYA KEUYEUP", rengse > diilio > jeung dititenan, ayeuna anu ka-2, ieu babasan: > > NGAJUL BULAN KU ASIWUNG > > Ieu paribasa atawa babasan teh hade dilarapkeun kana > salah sahiji hal anu pamohalan bisa laksana, hese > kacida. Sajajar jeung paribasa "ngajegkeun kapuk > baseuh", hese bisa dipigawe teuing boa-boa moal > mungkin. Enya tuda ku asiwung mah tong boroning > ngajul > bulan dalah ngajul gedang ge hese, ari asiwung tea > hade pikeun mungkus mayit samemeh dibungkus boeh. > > Cik pamendak saderek sadaya naha nagara urang > Endonesia tercintah teh dina enggoning najeurkeun > kaadialan jeung kasajahteraan kaasup kana paribasa: > Ngajul Bulan ku Kuasiwung? > > Mangga sok geura alungkeun pamendakna. > > KangYa > Tungtung Seoul > > > > _______________________________ > Do you Yahoo!? > Declare Yourself - Register online to vote today! > http://vote.yahoo.com > __________________________________ Do you Yahoo!? New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages! http://promotions.yahoo.com/new_mail ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

