Babasan Ngajul Bulan ku Asiwung teh, mun teu lepat mah sami sareng
babasan " Piit Ngeundeuk Ngeundeuk Pasir" anu ngandung hartos
hiji padamelan anu pamohalan kalaksanakeun.

Mun babasan eta dikaitkeun sareng kaayaan nagara urang hususna
diwidang peradilan sareng kasejahteraan, pamendak siuing mah
aya leresna sareng kalebet pamohalan sapanjang perilaku peradilan,
pamarentah, sareng rahayatna teu ngadukung kana program eta.

cag,
SR
----- Original Message ----- 
From: Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>; <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Friday, September 17, 2004 9:39 AM
Subject: [Urang Sunda] 2. Ngajul Bulan ku Asiwung


> 
> Baraya....
> 
> Kamari babasan "NYA HURANG NYA KEUYEUP", rengse diilio
> jeung dititenan, ayeuna anu ka-2, ieu babasan:
> 
> NGAJUL BULAN KU ASIWUNG
> 
> Ieu paribasa atawa babasan teh hade dilarapkeun kana
> salah sahiji hal anu pamohalan bisa laksana, hese
> kacida. Sajajar jeung paribasa "ngajegkeun kapuk
> baseuh", hese bisa dipigawe teuing boa-boa moal
> mungkin. Enya tuda ku asiwung mah tong boroning ngajul
> bulan dalah ngajul gedang ge hese, ari asiwung tea
> hade pikeun mungkus mayit samemeh dibungkus boeh.
> 
> Cik pamendak saderek sadaya naha nagara urang
> Endonesia tercintah teh dina enggoning najeurkeun
> kaadialan jeung kasajahteraan kaasup kana paribasa:
> Ngajul Bulan ku Kuasiwung?
> 
> Mangga sok geura alungkeun pamendakna.
> 
> KangYa
> Tungtung Seoul







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke