Wilujeng Wayah Kieu ka Sadayana
 
Bati nganggur nya anggon maosan email, meni resep gening nya di US teh asa ngawangkong jeung tatanggi we patembal-tembal. Ah da sim kuring mah wargi enggal bati ngabandungan we bari ngapal-ngapal wargi susuganan hiji waktos mah tiasa ngiring uplek dina wangkongan.
 
Aya anu linggih di Surabaya gening nya. Kumaha tah wartosna gunung Semeru tos dibuka deui teu acan kanggo pendakian (naon basa sundana?). Bejana kamari-kamari ngabeledug ngaluarkeun haseup kandel. Dugi ka sababaraha rerencangan  anu angkat kaditu teh dicegah ku pamarentah satempat. Nya sim kuring teh gaduh hiji deui kapanasaranan dina hirup hoyong naek ka gunung Semeru di Jawa timur (Jawa Wetan sanes?) anu kacida endahna. 
 
Ceuk batur mah eta karesep naek gunung jeung leuleuweungan teh mahiwal cenah. Padahal duh mun tos ngaraosan mah pasti hoyong deui najan cape kabina-bina oge. (ulah kamana-mana nya emutana).
 
Di pangancikan di Batam ieu ge sok nyempetkeun jeung babaturan amengan ka leuweung ngadon kemping jeung niiskeun pikir bari nguseup di walungan leutik anu camperenik. Pagenjak-genjak silih carekan, cocorowokan, hahaleuangan, kawas nu gelo ah bae da di leuweung paling-paling ditembalan ku monyet atawa manuk jeung jangkrik.
 
Gening wargi, karesep eta teh kacida pisan ageung mangpaatna kanggo kahirupan sim kuring dina danget ayeuna. Bubuhan padamelan anu kacida rarepotna teras waktos salse anu kacida samporetna. Duh meni tenang kana hate mun tos ningali cai herang ngagenyas di tengah leuweung luwang-liwung bari dipapaesan ku kembang di sabudeureunana. Bari clom giriwil lele jeung gabus pating raroes. (ari lele roroesan kitu? ah duka ketang!)
 
Sakitu nu kapihatur
 
Neng Ulin

Yahoo! Mobile
- Download the latest ringtones, games, and more!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke