----- Original Message -----
Sent: Sunday, September 19, 2004 5:29
AM
Subject: [Urang Sunda] Ngawangkong
Wilujeng Wayah Kieu ka Sadayana
Bati nganggur nya anggon maosan email, meni resep gening nya di US teh
asa ngawangkong jeung tatanggi we patembal-tembal. Ah da sim kuring mah wargi
enggal bati ngabandungan we bari ngapal-ngapal wargi susuganan hiji waktos mah
tiasa ngiring uplek dina wangkongan.
Aya anu linggih di Surabaya gening nya. Kumaha tah wartosna gunung Semeru
tos dibuka deui teu acan kanggo pendakian (naon basa sundana?). Bejana
kamari-kamari ngabeledug ngaluarkeun haseup kandel. Dugi ka sababaraha
rerencangan anu angkat kaditu teh dicegah ku pamarentah satempat.
Nya sim kuring teh gaduh hiji deui kapanasaranan dina hirup hoyong naek ka
gunung Semeru di Jawa timur (Jawa Wetan sanes?) anu kacida
endahna.
Ceuk batur mah eta karesep naek gunung jeung leuleuweungan teh mahiwal
cenah. Padahal duh mun tos ngaraosan mah pasti hoyong deui najan cape
kabina-bina oge. (ulah kamana-mana nya emutana).
Di pangancikan di Batam ieu ge sok nyempetkeun jeung babaturan
amengan ka leuweung ngadon kemping jeung niiskeun pikir bari nguseup di
walungan leutik anu camperenik. Pagenjak-genjak silih carekan, cocorowokan,
hahaleuangan, kawas nu gelo ah bae da di leuweung paling-paling ditembalan ku
monyet atawa manuk jeung jangkrik.
Gening wargi, karesep eta teh kacida pisan ageung mangpaatna kanggo
kahirupan sim kuring dina danget ayeuna. Bubuhan padamelan anu kacida
rarepotna teras waktos salse anu kacida samporetna. Duh meni tenang kana hate
mun tos ningali cai herang ngagenyas di tengah leuweung luwang-liwung bari
dipapaesan ku kembang di sabudeureunana. Bari clom giriwil lele jeung gabus
pating raroes. (ari lele roroesan kitu? ah duka ketang!)
Sakitu nu kapihatur
Neng Ulin
Yahoo! Mobile
- Download the latest ringtones,
games, and more!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links