Baraya, minggu kamari teh ulin ka Perpustakaan Nasional, nganteur mPup jeung babaturanana nyiar naskah-naskah Sunda bahan sikiripsi. Nya kuring ge pipilueun sibuk, da geuning resep ari ulin ka perpustakaan mah, loba cooeun. Di handap ieu oleh-olehna, hiji buku kenging Moh. Sanusi nu medal taun 1919. Ejahanana teu dirobih, sami sareng aslina. Nu di handap ieu mangrupa bagian kahijina, nu kaduana nyusul (beunang nyalin, mun di-scan dijadikeun pdf teu bisa diala teksna). Nyanggakeun!
jk sakantenan ka nu tiasa basa Walanda, dupi hartosna kalimah nu dikurungan (BAT. GENOOTSCHAP VAN K. EN W.) naon nya? ------------------------------- Moh. Sanoesi TEMBANG LAGOE GAROET GENDJLONG Padjadjaran October 1919 (BAT. GENOOTSCHAP VAN K. EN W.) ------------------------------- H. HASAN DJEUNG GAROET ------------------ Sasambatna rahajat ------------------ ASMARANDANA Ya Allah Raboel Alamin, mana njiksa teh pohara, abong enja ka noe hengker, noe koewat aja di menak, menak noe teu roe-masa, saperti menak di Garoet, komo deui djadoegna mah. Teu roemasa djadi hoerip, hoerip koe lantaran somah, si menak mowal make pet, lamoenna euweuh somahan, somahan noe maraban, tapina djongdjon adigoeng, gede hoeloe kamagoengan. Dalem Garoet dipiidjid, henteu pisan dihargaan, sabab rajat pada rehe, pada nje-boet teu oejahan, sebel bae noe aja, beda reudjeung Dalem Marhoem, rajat kabeh pada njaah. Mangga geura ijeu galih, omongan rajat noe loba, dalem dilandi Si Tjadok, lalandian beunang njoetat, njoetat ti soerat kabar, Nieuws van den Dag noe ka mashoer, ka-mashoerkeun moesoeh oerang. Tapi barang pek diintip, tjotjog pisan eta ketjap, memang rajat Garoet kabeh, kolot boedak boedjang landjang, bejak peuting braj beurang, taja deui noe ditjatoer, ngan dalem noe Tjadok tea. Djadi biwir lain asih, tapi noe enja mah tjoewa, isin mah djaoeh katangeh, najan leumpangna ngagegag, diiring koe kang oepas, tjara Radja djaman boehoen, djaman rajat diseuseupan. Na mana katjida teuing, dododja rajat ayeuna, Garoet meunang dalem Rehe, dalem teu mandjing djeung djaman, djaman kamanoesaan, noe kitoe koedoe ditoendoeng, dioesir koe noe kawasa. Pamarentah tangtoe ngarti, yen nagara mowal hardja, lamoen dalemna direheng, direheng koe rahajatna, tjara Garoet tjontona, dalem teu dianggap ratoe, tapi Satroe Kaboejoetan. Pangadilan mangka eling, andjeun noe boga tanggoengan, andjeun oelah rek ngadago, ngadagoan rajat nekad, nekad sabab djengkelna, pendek rajat teu panoedjoe, moen di achir leuwih soesah. Geuwat oeroes mangka lantip, tatapi omat-omatan, ngoeroes oelah djeug porongos, oelah rek ngarah sijeunna, somah djadi bingoengna, papariksaan noe kitoe, geus tangtoe palsoe djadina. Reudjeung oelah arek nilik, nilik daradjatna djalma, teu padoeli dalem oge, lamoen tjitjing dina salah, misti meunang hoekoeman, leungeun rante soekoe ringkoes, petjlengkeun ti nagarana. Sab lamoen eta boepati, tetep boga kasalahan, tatapi henteu dirante, tangtoe adil mowal aja, rajat mowal pertjaja, mowal nganggap ka pangagoeng, sab disangka ngalitjikan. Poma oelah salah ngarti, koering teu netepkeun salah, tapina ngan lamoen bae, lamoen dalem memang djahat, moen dalem memang salah, dalem Garoet koedoe hoekoem, koe hakim anoe sampoerna. Tangtoe rajat soeka ati, noe salah meunang hoekoeman, tangtoe rajat senang hate, nendjo pamarentah waras, nendjo menak teu sasar, tangtoe rajat mowal bingoeng, dimana karerepetan. Lamoen pek dipikir-pikir, gojangna Garoet ajeuna, estoe matak mowal poho, manna poho anggoer tambah, tambah anoe ngagoegah, ngagoegah ka oerang Garoet, nejangan noe djadi asal. Asalna keur dipoelitik, koe poelisi djeung koe oerang, djadi oerang toenda bae, noenggoe koemaha poetoesna, tatapi ajeuna mah, palikiran koe sa-Garoet, naon sabab dalem galak. Beda djeung sedjen boepati, beda roepa sedjen adapt, estoe djalma matak bengong, tjara nendjo sato anjar, hookeun anoe aja, hookeun lain koe aloes, tapi estoe matak gila. Tabeat ijeu boepati, moen koe oerang dipikiran, oerang koedoe henteu kaget, lamoen ngingetkeun toeroenan, toeroenan ti ramana, patih Soekaboemi marhoem, kabeh rajat pada terang. Saderekna hidji deui, patih anoe geus diboewang, diboewi lantaran tjektjok, nja nepi ka ditangkepna, troes diboewi ka Djogdja, adoeh estoe matak bingoeng, dalem Garoet gede bagdja. Sakapeung sok nanja diri, naon noe djadi sababna, saperti djalma noe daek, daek noeloengan bangsana, bangsa noe kasoesahan, tjara noe djadi panoengtoen, panoengtoen tina koempoelan. Koe nagri dipikaidjid, koe poelisi dimoesoehan, masing teu Edan teu Maok, njakitoe noe djadi anak, teroes dianggap bahja, doeloer-doeloerna pon kitoe, diaranggap djalma djahat. Njata djaman the tibalik, moen oerang mikir ka dinja, siga pamarentah poho, keur waktoe ngabisloewitan, ngangkat dalem ajeuna, dalem Garoet noe kamashoer, kawentar dipikangewa. Lamoen ninggang di si leutik, saperti bangsa somahan, maling doewit sapeser ge, doewit masdjid oepamana, nepi ka diboewina, doeloer-doeloerna geus tangtoe, miloe apes salawasna. Apes soteh koe poelisi, koesabab dina pikirna, lamoen adina geus maok, lantjeukna koedoe didjaga, boeboehan sapantjoeran, oejah teu tees ka loehoer, bijasana ge ka handap. Ditoeloeng mah komo deui, didjoengdjoeng dibere pangkat, enggeus tangtoe menak gendjlong, pada njareboetkeun salah, mo enja doeloer bangsat, diangkat djadi pangagoeng, noe koedoe ngariksa rajat. Geus tangtoe goreng di achir, nagri mowal djadi aman, rahajat djadi parepeh, para menak meunang soesah, ngoeroeskeun kakoesoetan, sab eta koering panoehoen, Garoet meunang dalem anjar. Tapina poma teh teuing, oelah arek digantian, digantian koe noe rehe, tjindek oelah koe toeroenan, tedak Moehamad Moesa, sabab sijeun teu panoedjoe, inggis tjara noe ajeuna. Pendek hajang anoe adil, noe adil djeung palamarta, noe somah ngeunah ngadenge, prijaji ngeunah ngawoela, nagara djadi hardja, geura hempek doeloer-doeloer, ajeuna oerang ngadowa. Hamin�. Mh. Sn. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

