Baraya, sakumaha anu tos sababaraha kali diuningakeun di ieu milis, lampiran 
(attachment) ngarupakeun perkara anu kadang ngundang piributeun. Baheula, nu 
protes teh gara2 ayana lampiran nu ngamacetkeun nalika nga-donlod (download 
maksudna mah), utamana pikeun baraya nu muka surelek di bumi, sanes di 
kantor, nu aksesna masih keneh lambat. Akibat tina hal ieu, moal kamana deui 
losna, tangtu kana ongkos akses nu nambahan. Tah ku kituna, neda tawakup ka 
sadayana, nyungkeun kasadaranana, supados gambar/foto/koropak (file) nu 
sakintenna teu aya kaperyogian/patalina sareng tujuan ieu milis, teu kedah 
dikintunkeun ka milis. Perkawis fotograf baraya, eta mah diwenangkeun, da 
dina raraga silih pikawanoh tea, ngarah pada apal. Eta ge asal ukuran 
koropakna teu badag teuing, saena dirobih kana format koropak nu basajan 
kayaning JPG/GIF (kanggo gambar), atanapi karungan (lebetkeun kana zip) bae 
sakantenan. 

Perkawis nu kaleungitan budak, sakadar ngemutan, aya hal-hal nu sipatna 
pribadi nu teu peryogi diuar-uar ka luar, iwal dina raraga nu tadi kasebat 
tea, wawanohan. Komo ieu mah, bilih nyigeung batur, kedah ngemut sateuacanna 
dikintun, sanaos maksadna mung ukur banyol. 

Sakitu nu kapihatur, hapunten anu kasuhun. 

Aeh, hiji deui! Simkuring pribadi neda hapunten ka sadayana, utamina ka nu 
parantos ngeusian angket ti simkuring tea, rehna simkuring teu ngabales 
hiji-hiji surelek ti saderek sadaya, mung tiasa nganuhunkeun bae. Ka nu teu 
acan ngeusian angket/formulir, mangga diantos pisan... 

k#5


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke