Eutanasia, sigana di urang mah moal disaluyuan sok sanaos anu 
nyuhunkeun teh ti anu nandangan kasawatna pisan. Teu aya sanes, 
jalaran dugi ka ayeuna anu kapendak, heunteu aya hiji oge katerangan 
anu ngijinkeun jalmi nelasan maneh atawa ditelasan ku batur kalayan 
teu aya hak. Sakumaha katerangan Kang Dhanny, aya oge meunang 
nelasan batur sacara hak (syarat tinangtu), namung teu aya hiji oge 
katerangan agama (khususna Islam) anu netelakeun yen hak (syarat 
tinangtu) eta teh kalebet kasangtukang Eutanasia.

Miresep eutanasia teh sok emut kana novel sareng film anu aya 
pakaitna jeung ieu kasus. Pogot pisan macana/lalajona. Diantawisna 
bae novel (anu oge tos di-film-keun) "God Player". Rame pisan. 
Umumna "pelaku" dina novel-novel atawa film-film jejer eutanasia teh 
seueur dokter. Eutanasia pakait awor sareng widang kedokteran anu 
ngawengku ugeran harti (definisi) hirup "vis a vis" maot. Kitu oge 
upamai seja terus dipadungdengkeun.

Baktos,
manAR

 

--- In [EMAIL PROTECTED], Dhanny Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Teu aya saurang oge jalma anu boga hak ngeureunkan lumangsungna 
kahirupan manusa nu sejen, naon wae alesanna anu teu sapagodos jeung 
aturan agama.
> Sakanyaho kuring mah ukur alesan Qishos anu ngameunangkeun hiji 
jalma maragatkan nyawa nu sejena.
> Euthanasia...abi mah TEU !!!
> 
> kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> nu teu matak nyeri dumasar alesan pikeun ngeureunan katunggaraan 
hiji jalma
> alatan kasakit nu sacara medis geus teu bisa diubaran, bari 
pasenna geus teu
> empes2, teu walakaya. Saalam dunya ieu ngan aya sababaraha nagara 
nu
> 
> 
> ---------------------------------
>   Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends 
today! Download Messenger Now



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke