Leres, Hasan namina. Anjeunna tos teu kiat nandangan kapeurih, boh ningali istrina nu tos teu walakaya, oge anjeunna pribadi nu tos ngahutang kaditu kadieu ku kawaluratan ekonomi.
Hanjakalna, nu jadi rame para ahli kalahka eutanasia-na. Satuju jeung henteuna eutanasia hoghag didiskusikeun janten berita. Padahal inti masalahna mah katunggaraan Pa Hasan nandangan kasedih jeung kahirupan miskin. Da lamun anjeunna sanggup ngabiayaan mah, pasti teras diikhtiaran panginten. Kukituna sim kuring muji ka koran Radar Bogor nu langsung muka dompet sumbangan kanggo ngiring ngabiayaaan istrina pa Hasan. Ari tanggapan anggota DPRD Bogor kumaha ? Duka tah.
Dina teu tiasa ngabantu materi ge, urang sami-sami ngiring du'a we, mugia Pa Hasan sing kiat nahan cocoba.   
Mugi-mugi oge calon presiden nu kapilih, oge para wakil ra'yat anu tos jarumeneng, tiasa nyaluyukeun sareng kahayang ra'yat alit. 
   

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Eutanasia asal kecapna ti Yunani, nu hartina kurang leuwih "paeh hade".
Sacara husus, istilah ieu dilarapkeun kana praktek nelasan (maneh) ku cara
nu teu matak nyeri dumasar alesan pikeun ngeureunan katunggaraan hiji jalma
alatan kasakit nu sacara medis geus teu bisa diubaran, bari pasenna geus teu
empes2, teu walakaya. Saalam dunya ieu ngan aya sababaraha nagara nu
ngalegalkeun eutanasia, di antarana Walanda.
Naon ieu teh teu gugur teu angin los2 ka eutanasia?
Sababaraha poe ka tukang, di nagara urang nu keur ayeuh2an mapag milih
persiden, aya urang Bogor nu ngadeuheus ka DPRD Kota Bogor, ngedalkeun
implenganana ngeunaan eutanasia pikeun istrina nu ayeuna ngalempreh di RSCM
(tukangeun gedong kuring gawe!). Anjeunna ngumaha, sabab geus ngarasa teu
bisa nedunan hak hirup istrina. Kumaha mun nedunan hak maotna?
--
k#5


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail Address AutoComplete - You start. We finish.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke