Kahatur Baraya, Njanggakeun terasan anu mangkoekna (namatkeun), disalin tina boekoe TEMBANG LAGOE GENDJLONG GAROET noe medal ti Padjadjaran sasih October 1919 jasana Moh. Sanoesi.
jk _____________________________________ --------------- Meupeus keujang --------------- SINOM (Liwoeng) Maos dina Kaoem Moeda, kaping doewa likoer Hapit, kitoe-kitoe tjarijosna, hal dalem marijos S. I., bet matak sedih nja ati, moen noe henteu koedoe noeroet, noeroetkeun ka kahajangna, lamoen noe teu noeroet pasti, digigila diantjam noe matak reuwas. Reuwas sabab teu bijasa, sijeun nendjo lawang boewi, nja kadjeun bohong oendjoekan, lantaran sijeun diboewi, loba pisan noe geus boekti, diboewian noe teu noeroet, , noe teu noeroet ka pangersana, pangersa boepati lantip, lantip soteh da hajang meunang sorangan. Saroepi mariksa maksa, ngakoe soteh pedah adjrih, batinna soelaja pisan, kapan moenggoehing di Goesti, koedoe mitjonto noe soetji, teu meunang bohong djeung wadoel, ijeu mah sasat dihadja, koema teu rek pegel piker, kijeu soesah kitoe soesah salawasna. Masih lamoen noe enja mah, S. I. Afdeeling B. sidik, djeung geus terang pangnipoena, eta mah liwat ti wadjib, nadjan diboewang diboewi, noe kitoe estoe panoedjoe, moeng moenggoeh ka noe henteu mah, noe nembe kasangka badis, abong-abong katjida kena ka somah. Kitoe lagoe pamariksa, ditoelad koe distrik-distrik, tjamat wadana ngantjamna, teu beda reudjeung boepati, moen teu ngakoe rek diboewi, hajoh koedoe ngakoe kitoe, atoeh moenggoeh noe bodo mah, lantaran kaliwat adjrih, njoemoehoenkeun ka kabeh timbalanana. Masih moen teu disoempah mah, ja Allah koe matak ngerik, naha dalem kitoe peta, njiksana ka abdi-abdi, dorakana lahir batin, djalma nanggoeng soempah palsoe, geuning wet ge teu ngidinan, teu meunang bohong saeutik, ari ijeu koe dalem tehbet dihadja. Abong kena rasa moerba, wosesa djeneng boepati, adigoeng kamagoengan, asana katjida teuing, taja pisan hoekoem adil, padahal peta noe kitoe, anoe henteu koedoe enja, lamoen wangkal rek diboewi, anoe kitoe ngaranna Hoekoem Hijanat. Koering saoemoer doemelah, bet kakara pisan ngoeping, pangkat dalem diaroenghak, dipikaidjid koe djalmi, roepa-roepa omong djalmi, sadajana sami giroek, aja noe njebat toeroenan, Patih Marhoem Soekaboemi, ramana ge geuning samemehna hilang. (..?) Palangsijang karesepan, mowal kitoe langlang-lingling, kitoe panjeta rahajat, reh kedjem kaliwat saking, teu emoet sasama djalmi, abdi-abdi sami paoer, teu kijat ngalamanana, moen tetep di Garoet nagri, engke komo ajeuna ge teu ngareunah. Lampahna dalem ajeuna, kawas anoe henteu eling, teu aja rasrasanana, asana katjida teuing, paingan pribasa tjai, lamoen di girangna kiroeh, mowal herang di hilirna, menak Garoet kitoe deui, tingkah polah teu beda djeung ti loehoerna. Boekti tjamat hidji tempat, keur waktoe mariksa koering, koering oerang padesaan, dihantem diboelak-balik, disiksa liwat ti misti, lantaran teu daek noeroet, noeroetkeun ketjapna tjamat, nerangkeun Bandera S. I., tjeuk tjamat the koedoe ngomong kijeu sija: Banderana opat roepa, Beureum � Hideung �Bodas � Koening, djeung kitoeh deui tjirina, Konengnempoeh Tjina pasti, HIdeung pikeun nempoeh anti (?), Beureum nempoeh B. B. kitoeh, Bodas nempoeh Walanda, tah koedoe kitoe silaing, nja ngakoe the tangtoe silaing salamat. Toeroeg-toeroeg koe gan loerah, leungeun ditjekelan tarik, koe agan loerah di dinja, bari njamboeng ngomong bengis, koemaha dawoehan tadi, koe silaing koedoe akoe, dirante lamoenna wangkal, sarta toeloej eta djalmi, noeroet bae lantaran sijeun disiksa. Mangga koe sadaja manah, naha hoekoem kitoe adil (?), bet ngakoe sina soelaja, nerangkeun Bohong djeung Lain, karepna tjamat pribadi, koedoe ditoeroet digoegoe, aja deui hidji djalma, milikna the tjara tadi, dipariksa barina disingsijeunan. Lampah kitoe soemarambah, kedjemba para poelisi, nalika ping doewa welas, sasih noe parantos Hapit, eta djalma anoe tadi, disiksa di kota Garoet, diteunggeul poehoe tjeulina, tang ka njoeoeh henteu eling, paneunggeulna djidar potong djadi doewa. Ari noe neunggeulanana, djroetoelis wadana distrik, keur waktoe djero mariksa, sabab teu tjotjog verklaring, daptaran di onderdistrik, koe manehna teu diakoe, poegoeh et amah daptaran, kahajang tjamat pribadi, tjeuk djroetoelis pangoetjap maneh daptaran. Waktos mioendjoek teja mah, pisanggemna eta djalmi, namoeng abdi the dipaksa, lantaran kaliwat adjrih, adjrih sijeun dinjenjeri, koe tjamat sareng koe koewoe, padahal teu pisan-pisan, terang ka bandera tjiri, kitoe-kitoe eta mah dawoeh andjeunna. Ti dinja oelis wadana, njokot djidar neunggeul tarik, habek ka poehoe tjeulina, tang ka njoeoeh henteu eling, ja Robbi katjida teuing, naha djaman naon atoeh, tjenah djaman kamadjoean, bet menak mah kana djail, madjoena teh henteu parok kana djaman. Malah nepi ka ajeuna, eta djalmi anoe tadi, wartos nepi ka torekna, doeh Goesti katjida teuing, abong-abong ka noe leutik, ka saha atoeh njalindoeng, njoeoeh menta pangadilan, reh geus roeksak djalmi leutik, na di mana adil the tempat tinggalna. Da bedjana goepermen mah, adil njekelna wet nagri, tjing atoeh eta toeloengan, oelah bet diantep teuing, rajat sami gering ati, disiksa koe menak Garoet, gede leutik kabeh rajat, geus sami raraheut ati, koelantaran polahna noe kedjem teja. Kabeh abdi rahajatna, sadaja maloengkir ati, taja deui sasambatna, ngan kasoesah djeung kanjeri, yen dalem Garoet teu adil, benten sareng Dalem Marhoem, djaman djeung Dalem Marhoem mah, rahardja djeung tiis tjeuli, menak moelja abdi-abdi tambah setja. Koema pitoengtoengeunana, moen Goepermen teu ngoemisi, kaajaan wawakilna, menak Garoet noe geus boekti, njiksana ka abdi-abdi, neunggeul ngantjam noe teu patut, padahalna kitoe peta, matak djadi roedjit nagri, moen diantep mowal aja kaberesan. Bedja rame ka padesan, bawahan garoet apdeling, moen ingkah sadaja nadir, roepi-roepi omong djalmi, aja noe liwet sapendil, aja noe saratoes koelhoe, aja noe tiloe patehah, moegi-moegi Mahasoetji, panedana noe rek kawoel diidjabah. Maos dina Padjadjaran, kaping genep likoer Hapit, doeloer Mh. Sn. Njerat, estoe panoedjoe the teuing, sajaktosna abdi-abdi, rahajat bawahan Garoet, baheula reudjeung ajeuna, djaoeh ti tanah ka langit, baheula mah senang tiis dedengean. PARIKESIT ___________ ________________________________________________ Message sent using QuasarMail 1.0 ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

