Neraskeun deui nyutat tina buku Pantun Ratu Bungsu Karma Jaya anu kungsi
kaluli-luli, ayeuna posting anu ka 7, da kapungkur nu panungtung teh anu ka
6, mugia aya mangfaatna.
Ka kang Eko mangga dilebetkeun kana situs urang-sunda.or.id


LENGSER DANGDAN

Teras si lengser dangdan
Cameti ku rangrang awi
panakane bae Mama Lengser
asa jadi Mantri
sampingna ku kotok nonggeng
ti hareup nyapuan taneuh
ti tukang tembong tuang kagungan
randul sagede gori peuyeumeun
angkatna ngabaliung sawah
angkatna ancul-anculan
Keupat Mama Langser
dikangkang dikengkengkeun
nya keupat dianjing bantingkeun
tamba nya kesel angkat Mama Lengser
bari tetembangan
nya tembang teu puguh laguna
ngan heuhah heuhah bae
gancang anjog ka alun-alun
nya Mama Lengser
campekur ngarawu balung
ngantos-ngantos semah kasep

RATU BUNGSU LUMUNGSUR TI TATAPAN KA MARGACINTA : NANYAAN, CACAK NYUMPONAN
RUPA-RUPA PAMENTA MALANGGI RARANG, DIHESEKEUN KENEH BAE

RATU BUNGS LUNGSUR KA MARGACINTA

Nyaturkeun
Ratu Bungsu Karma Jaya
nu tatapa di mega Manunggul
bakal nenjo pinagaraeun
ngalieuk ngidul suwung
ngalieuk ngulon poek mongkleng
ngalieuk ngaler peteng rubet
ngalieuk ngetan ganeaan
ninga ka Buana Pancatengah
Kesitna turun ka alun-laun Margacinta
Kagetna Mama Lengser
kadongkapan semah kasep

RATU BUNGSU JEUNG LENGSER

�Sampean anu timana..?
Eujeung ngaran sampean saha
ngadeuheus ka Nagara Margacinta
nya kuring Bapa Lengser.�
�Pangapunten bae Bapa Lengser
lamun kuring diparios
ari kuring teh teu boga ngaran
Ceuk Mama Lengser
�Mokal, umat manusa teu boga ngaran
najan rongrong gogodongan ge boga ngaran�
�Orokaya kieu Bapa Lengser,
ngaran mah boga mah boga
ngaran kuring teh rea :
Ratu Jebug Raden Jambe
Ceuk Mama Lengser :�Ki Bagus
kuring ge ngartos sampean teh
Ratu Bagus Raden Hade
�Jih..Mama Lengser, lamun kitu mah
tiasa ngajangkrik gunung
tiasa naksir ka kuring�
�Nya berkah Ki Bagus�
�Ayeuna Mama Lengser
bilih ngahartikeun jenengan kuring
Ratu anu ti Pakuan
Menak anu ti Pajajaran
Putra Ibu Nawang Wulan
anu kalawas kuring teh
calik di lemah miring
anu lungguh di lemah duwur
nu tiasa ngarangga wayang
Raden Ratu Bagus Karma Jaya�
�Sampean baruk teu boga jenengan
geuning aya ngaran sanagaraeun?
Atuh nya sukur
jauh jang dijugjug
anggang didongkapan
ngadeuheus ka nagara Margacinta
erek naon nya perlu
Apan sampean teh rek ulak
balantik
apan rek nanggung nya mikul

(hanca)





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke