Punten rada elat, mairan teh..........
Nembe kapendak, sareng Alhamdullilah tos nerekel teh ayeuna mah tos teu carangkeul teuing. Segut kang..!!, he he, mengpeung jagjag, tos rerempo mah...boro2 naek gunung, najan nincak gunukan ge, kudu di tuntun.....muhun upami urang di parengkeun panjang yuswa, mugia awe sing dipasihan panjang umur, masih tiasa ninggal incu.....teterekelan.
Da teu ngahaja kang, teterekelan ka Gunung teh, ieu mah sok aya anu mawa. Kapungkur waktos kuliah kantos nerekel gunung tanggkuban parahu, atuh teras gunung di daerah nangewer tasikmalaya, nya Alhamdullilah oge kiat. Mung kamari mah teu tiasa di samikeun sareng budak ngora, kahayang lempang ka gunung teh laksana, tanagi anu teu aya, nya nyuhunkeun bantosan kuda, supados dugi ka puncak. Mani tiris aya kana 15 darajat, angin, sareng debu, jiga di padang pasir.......Sok kang upami akng kadieu ku teteh rek dianteur bade ka gunung mana...? Gunung Semeru, gunung Batok, gugunungan oge tiasa...he he......Moal repot ku tanagi tos aya jeep sareng jaran anu tiasa nyandak urang kamana wae...pokona mah dugi ka gunung.....he he

Sayati Kopo mah muhun nya langganan macet, upami teu lepat Bandung kidul sanes..!!
Mangga InsyaAlloh upami teteh ka bdg, hoyong tepnag mung kedah jelas alamatna..? dimana kang..? no Tlpna kedah jelas....si teteh oge ari di bdg, sok ngojeg, supados enggal teu pegat macet, Sok ngahaja puguh ngarah tiasa kaditu kadieu.......
Upami teu aya pamengan teteh aya rencana minggon payun ka bdg, mugia teu aya halangan nanon,.
Ke jl Supratman 66 teh, kantor naon..? da didinya teh aya kantor Geologi, TElkom, gedung sate, Vulkanologi.....naon deuinya.... Ari ka bdg si teteh sok ka Jl Gagak......
Sami kang didieu oge aya barudak jalanan, mung rupina teu seueur sapertos di Bdg, eta wae di jl Protokol, paling mung sabaraha jalmi, anu biasa ngamen. ETa kumahanya pamarentah kota Bdg panangan barudak jalanan teh ? naha teu di urus ku pamarentah anatapi kumaha..? si teteh can nguping barudak jalanan, sareng penduduk miskin kota di urus ku pamarentah.Kumaha atuh ketak urang sabagai urang sunda tiasa teu kitu nulungan maraneh na....? duka atuh......hayang sih hayang nulungan, ngan kudu loba waragadna meureun......
Mang Jojo.........
Tah sakieu heula info ti si kuring, mangga diantos lalakon akang salajeung na......
Kanggo baraya, .kumaha daramang sadaya...?
Baktos
teh tien
( panasaran pajarkeun teh urang tos tepang di bumi MJ, tapi lebeng.....teu acan uninga anu namina Mang Jojo...he he )
Mang Jojo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Teh Tien,
Masih keneh segut teterekelan teh Tien ?. Di dungakeun
sing jagjag waringkas nya. Emang oge keur ngora mah sok
resep nerekel gunung Syawal, sanes ulin tapi ngala suluh
bari peutingna lalajo teve hitam putih, di punclut ( 1741
m dpl) gunung syawal harita aya relay trvri ( taun 1972).
Eta relay teh ngahaja jang 'nyaangan' lembur MJ, anu aya
di lengkob kiduleun gunung (dupi lembur emang di lengkob
kalerna), duka pedah caket MJ aya bumi pa Thoyib
Hadiwidjaja ( mentri pertanian), duka kumaha, da di Ciamis
teh harita aya sturada ( radio PNS) sareng studio pecakan
(siaran percobaan), duka ayeuna aya kitu ?
Di Bandung ayeuna sok reueuk kadangkala hujan, ari usumna
mah usum macet bae. Bakat ku macet ti sawah ka saung emeng
teh lalampahan dua jam padahal mung 12 kilo.
Saung di Kopo Sayati (uninga dina database), dupi macul
mah kapengker di Lembong 15, ayeuna di Supratman 66;
022-4532211, Lebakeun Kantor Ua Sas , oge caket kantor
Kang manAR.
Teh Tien emang teh sakapeung mah sok laha loho
kapilemburan (boh lembur kota kitu deui lembur singkur di
kampung) silaturahim, seueur pisan jalmi (utamina
murangkalih) anu sesah hirupna alias balangsak dina
materi. Di Bandung kacatet 36.000 anak jalanan,
ngagembrong di 316 parapatan, tiap sasih rata-rata aya 2
murangkalihnambihan di unggal parapatan, kitu tah cek ki
embeling musikus harirusli anu bumina payuneun sawah
emang.
Iraha teteh bade ka Bandung, diantos.
MnngJojo
>
>
>
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> vote.yahoo.com - Register online to vote today!
===========================================================================================
"Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses Internet Gratis..
Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
===========================================================================================
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.