Sumuhun mang..!, si teteh hoyong nepangan, tapi emangna nuju teu aya, nya sanes waktosna urang patepang, mugia wae di cimalati mang Jojo sakulawargi tiasa angkat, InsyaAlloh tiasa patepang sanes wae sareng teteh, atuh sareng anu sanesna oge......
Kitu mang.......he he, asa boga emang euy...mung lingas,......he he ( punten ah heureuy )
teh tien
( sami resep anclang-anclangan )
Mang Jojo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mang Jojo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Teh Tien
Sihapunten rehna kawartosan ku pun bojo Tien nuju aya di
bandung, kaleresan abdi anclang anclangan bae ka luar
kota, sareng deuih teu terang dimana teh Tien di
Bandungna.
Emang kaleresan sok anclang anclangan bae ieu teh.
Sakali deui sihapunten teu tiasas nepangan.
Mang Jojo
On Mon, 11 Oct 2004 11:09:31 -0700 (PDT)
teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Punten rada elat, mairan teh..........
> Nembe kapendak, sareng Alhamdullilah tos nerekel teh
>ayeuna mah tos teu carangkeul teuing. Segut kang..!!, he
>he, mengpeung jagjag, tos rerempo mah...boro2 naek
>gunung, najan nincak gunukan ge, kudu di tuntun.....muhun
>upami urang di parengkeun panjang yuswa, mugia awe sing
>dipasihan panjang umur, masih tiasa ninggal
>incu.....teterekelan.
> Da teu ngahaja kang, teterekelan ka Gunung teh, ieu mah
>sok aya anu mawa. Kapungkur waktos kuliah kantos nerekel
>gunung tanggkuban parahu, atuh teras gunung di daerah
>nangewer tasikmalaya, nya Alhamdullilah oge kiat. Mung
>kamari mah teu tiasa di samikeun sareng budak ngora,
>kahayang lempang ka gunung teh laksana, tanagi anu teu
>aya, nya nyuhunkeun bantosan kuda, supados dugi ka
>puncak. Mani tiris aya kana 15 darajat, angin, sareng
>debu, jiga di padang pasir.......Sok kang upami akng
>kadieu ku teteh rek dianteur bade ka gunung mana...?
>Gunung Semeru, gunung Batok, gugunungan oge tiasa...he
>he......Moal repot ku tanagi tos aya jeep sareng jaran
>anu tiasa nyandak urang kamana wae...pokona mah dugi ka
>gunung.....he he
>
> Sayati Kopo mah muhun nya langganan macet, upami teu
>lepat Bandung kidul sanes..!!
> Mangga InsyaAlloh upami teteh ka bdg, hoyong tepnag mung
>kedah jelas alamatna..? dimana kang..? no Tlpna kedah
>jelas....si teteh oge ari di bdg, sok ngojeg, supados
>enggal teu pegat macet, Sok ngahaja puguh ngarah tiasa
>kaditu kadieu.......
> Upami teu aya pamengan teteh aya rencana minggon payun
>ka bdg, mugia teu aya halangan nanon,.
> Ke jl Supratman 66 teh, kantor naon..? da didinya teh
>aya kantor Geologi, TElkom, gedung sate,
>Vulkanologi.....naon deuinya.... Ari ka bdg si teteh sok
>ka Jl Gagak......
>
> Sami kang didieu oge aya barudak jalanan, mung rupina
>teu seueur sapertos di Bdg, eta wae di jl Protokol,
>paling mung sabaraha jalmi, anu biasa ngamen. ETa
>kumahanya pamarentah kota Bdg panangan barudak jalanan
>teh ? naha teu di urus ku pamarentah anatapi kumaha..? si
>teteh can nguping barudak jalanan, sareng penduduk miskin
>kota di urus ku pamarentah.Kumaha atuh ketak urang
>sabagai urang sunda tiasa teu kitu nulungan maraneh
>na....? duka atuh......hayang sih hayang nulungan, ngan
>kudu loba waragadna meureun......
>
> Mang Jojo.........
> Tah sakieu heula info ti si kuring, mangga diantos
>lalakon akang salajeung na......
> Kanggo baraya, .kumaha daramang sadaya...?
>
> Baktos
> teh tien
> ( panasaran pajarkeun teh urang tos tepang di bumi MJ,
>tapi lebeng.....teu acan uninga anu namina Mang Jojo...he
>he )
>
>
> Mang Jojo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Teh Tien,
> Masih keneh segut teterekelan teh Tien ?. Di dungakeun
> sing jagjag waringkas nya. Emang oge keur ngora mah sok
> resep nerekel gunung Syawal, sanes ulin tapi ngala suluh
> bari peutingna lalajo teve hitam putih, di punclut (
>1741
> m dpl) gunung syawal harita aya relay trvri ( taun
>1972).
> Eta relay teh ngahaja jang 'nyaangan' lembur MJ, anu aya
> di lengkob kiduleun gunung (dupi lembur emang di lengkob
> kalerna), duka pedah caket MJ aya bumi pa Thoyib
> Hadiwidjaja ( mentri pertanian), duka kumaha, da di
>Ciamis
> teh harita aya sturada ( radio PNS) sareng studio
>pecakan
> (siaran percobaan), duka ayeuna aya kitu ?
>
> Di Bandung ayeuna sok reueuk kadangkala hujan, ari
>usumna
> mah usum macet bae. Bakat ku macet ti sawah ka saung
>emeng
> teh lalampahan dua jam padahal mung 12 kilo.
> Saung di Kopo Sayati (uninga dina database), dupi macul
> mah kapengker di Lembong 15, ayeuna di Supratman 66;
> 022-4532211, Lebakeun Kantor Ua Sas , oge caket kantor
> Kang manAR.
>
> Teh Tien emang teh sakapeung mah sok laha loho
> kapilemburan (boh lembur kota kitu deui lembur singkur
>di
> kampung) silaturahim, seueur pisan jalmi (utamina
> murangkalih) anu sesah hirupna alias balangsak dina
> materi. Di Bandung kacatet 36.000 anak jalanan,
> ngagembrong di 316 parapatan, tiap sasih rata-rata aya 2
> murangkalihnambihan di unggal parapatan, kitu tah cek ki
> embeling musikus harirusli anu bumina payuneun sawah
> emang.
>
> Iraha teteh bade ka Bandung, diantos.
> MnngJojo
>
>
>
>>
>>
>>
>> ---------------------------------
>> Do you Yahoo!?
>> vote.yahoo.com - Register online to vote today!
>
> ===========================================================================================
> "Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di
>www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses Internet
>Gratis..
> Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore,
>Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
> ===========================================================================================
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
>
>
> Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
>
> To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>
> To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo!
>Terms of Service.
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection
>around
> http://mail.yahoo.com
===========================================================================================
"Dapatkan hadiah utama sebuah sepeda motor, dengan mengikuti
Netkuis Ramadhan TELKOM Jakarta di http://netkuis1.plasa.com/jakarta/ramadhan"
===========================================================================================
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
vote.yahoo.com - Register online to vote today!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

